Senin, 13 Desember 2010

TONGTOLANG NANGKA

Carpon Sambas Bara

Peuting beuki jempling, hawa tiris nyelesep kana sela-sela sarigsig kayu luhureun jandela kaca.Ti mimiti tabuh salapan Nita geus genep kali meléngekeun hordéng jandela kamar ngintip ka luar bisi anu ditungguan datang. Jempol leungeunna meureun geus dempes balas mencétan kéypad HP anu aksarana geus kapupus sawaréh, da ti soré HP-na teu leupas pisan tina cekelanana.

Nita cengkat melengékeun deui hordéng anu katujuh kalian basa hawar-hawar aya sora anu laleumpang jiga beuki deukeut kaimahna.

“Ih ronda geuning!” ceuk Nita lalaunan bari nempo ka jam tembok anu geus nunjukeun tabuh hiji, terus menerkeun deui hordéngna.

“Moal balik kitu, apan harita téh cénah jangjina ngantil upoé, apan ieu geus peuting ka opat.”

Koleséd Nita turun ti ranjang muru ka kamar mandi nu kahalangan ku kamar anakna. Balik ti cai terus muka panto kamar anakna anu teu dikonci. Rekét sora panto anu rada sereg téh disada. Nita ka jero kamar bari neuteup anakna anu saré bangun tibra pisan. Putri ngaranna. Kipas angin anu nganco ka Putri dikendorkeun muterna bari diiserkeun nyanghareup katémbok sangkan anginna teutarik teuing nyenter.

Emh Putri, geulis, mugia anjeun mah teu ngalaman kieu jiga mamah...gerentes Nita bari neuteup anteb Putri anu keur tibra saré. Simbut Putri anu morosot terus dibenerkeun, nutupan deui awakna anu ukur maképakéan hareureut. Putri anu meujeuhna pikaresepeun balaréa, umurna kakara nincak 13 taun pangawakan sampulur, sasampayan tur beresih sanajan teu ngeplak bodas jiga lobak, maké baju kumaha waé gé tetep ka tempo pantes. Putri ka asup budak anu geulis tur calakan di sakolana téh, kumaha Nita wéh keur umur welasan taun baheula. Loba lalaki anu hayang deukeut, hayang wawuh, hayang jadi kabogoh sanajan ukur saliwatan.

Nita asa hayang telek neuteup keuretan beunget Putri, rét ka kenca kana kaca eunteung anu nangtung gigireun méja belajar. Nita mencrong kalangkangna, rét malik ka Putri jiga hayang ngabandingkeun keureutan beunget naha sarua kitu jeung manéhna. Da geuning cénah ari nyaruakeun foto anu keur sakola SMP waktu Nita baheula mah jiga anu kembar jeung foto Putri anu ayeuna.

“Emh meureun geus kolot aing téh, ...” gerentes Nita, da meureun atra jelas geus loba bedana sanajan awak dirawat ogé.

Ctrék, ctrék lampu kamar Putri dipareuman diganti ku lampu tidur. Panto ditutupkeun deui. Nita balik deui ka kamarna, tapi teu terus dug ngedeng, malah nyarandé kana sisi ranjang bari ngarawél HP anu nonggérak dina tualét sisi ranjang katémpo ngagebray jiga aya anu ngirim SMS.

“Saha sih wayah kieu nga-SMS, moal kitu bapana mah?”

“Ih, saha deuih iseng pisan jelema téh, teu nyaho jelema keur sedih nya?!” Nita kukulutus basa nempo anu ngirim SMS teu apal nomer anu ngirimna. Eusina SMS teu kungsi dibuka.

Nita anggur ngarénghap, neuteup lalangit kamar anu katempo semu hejo katojo ku lampu tidur tina sisi ranjang. Sawangan nimbus ka luar kamar jeung wanci anu geus sepi jempling, meuntas ka tukang malikan mangsa anu kungsi karandapan. Mangsa lajang anu pinuh ku harepan, mibanda katineung anu moal luntur ku waktu moal la’as ku robahna jaman.

Hiji hiji babaturan anu kungsi deukeut jeung manéhna diinget-inget deui, pang-pangna waktu keur sakola di SPG. Kumaha talajak babaturan lalaki anu mindeng ngariung, sakokoh sainum, sok silih tulungan dina waktu aya kasusah, sok surak bareng mun keur bungah, jadi pamatri Nita keur ngabadikeun dina sanubarina. Taya alesan mun kudu mopohokeun ka maranehna. Kumaha bageurna Asép, sanajan enya tukang mabok tapi tara ieuh sok ngaganggu ka Nita mah majar cénah CS. Kitu deui Kohar, Ayan, Sutisna, Yayat, Iskandar, Adul, jeung Arya kacida balageurna.

Ayan budak lembur tukang angon munding anu pinter nyuling jeung maén kacapi anu boga kahayang jadi guru SD. Sanajan enya rada cunihin sok tual-toél kana pipi jeung kana bujur awéwé anu jadi baturna tapi ari ka Nita mahtara daékeun paling ogé ukur nyekelan leungeun. Ayeuna manéhna boga rombongan degung jeung kiliningan, ngan hanjakal sok rajeun ninggalkeun tugasna ngajar di sakola, pang-pangna mun aya anu nyambat upacara adat atawa sawér pangantén di nu hajatan ngawinkeun atawa nyundatan. Komo mun keur usum panén mah.

Sutisna anak bandar béas urang Cilamaya anu karesepna degung jeung bobodoran, teu weléh ngaheureuyan Nita dina unggal aya kasempetan, malah sok ngajodo-jodo batur, sakapeung jadi panglayar ngan hanjakal taya anu lana sabab awéwé anu dilayaran kalah ka malik bogoh ka manéhna. Pantes kitu téa na mah da sanajan urang sisi laut ogé manéhna mah teu katempo hideung cakeutreuk tapi sabalikna, kulit bodas tangtungan body atletis, da lian ti resep kana seni téh Sutisna mah pamaén Volly anu bisa diandelkeun ku timna. Manjang nepi ka kiwari karesepna téh, ayeuna jadi panjak degung jeung calung anu diluluguan ku PGRI, sakapeung sok ngaémséan organ tunggal atawa musik electone. Ngan ari bobogohan mah teu kadengé sanajan unggal usik ulin jeung artis, pamajikanna angger mun hiji jeung teu kungsi ganti. Pantes atuh da pamajikanna ogé geulis, moal mantak Sutisna ka irut ku artis electone sanajan susukna nepi ka tuur ogé.

Aya deui Yayat, si jangkung anu hideung manis, dangdanan teu weléh rapih, baju jeung calanana sing jiripit tapak strikana, buuk anu meles hideung kilimis ku minyak tancho. Meureun anak mamah mun jaman ayeuna mah, da ulinna ogé teu daék jeung lalaki, mun jeung awéwé mah ngobrolna uplek pisan malah ceuk nu saliwat mah jigana meureun keur bobogohan, teu tolih kabogoh batur, keun waé cénah da ukur ngobrol. Jauh keur Yayat mah kana riributan téh teu siga jiga si Létoy atawa si Renggé unu unggal minggu dipanggil ka ruang BP. Ngan aya babaturanna sok rada piksebeleun nyebut téh Neng Yayat, pédah éta cénah meuni feminin jeung andelemi.

Iskandar budak hideung buukna rintik, pangawakan kuru, mun beuteungna rada bureuteu mah jigana sarua jeung urang Papua, tapi ieu mah begang doang. Pantes kitu téa na mah da capé manéhna mah ka sakola téh, unggal poé didugdag ti imahna sanajan aya puluhna kilo méter jauhna ka sakola teh. Ti imah ka jalan gedé sok naék mobil treuk ngarah haratis nepi ka stasiun karéta, terus naék karéta sarua teu mayar da sok nyumput mun keur dipariksa karcis ku petugas téh. Ti stasiun karéta ka sakola mah leumpang waé. Mindeng kabeurangan sakolana téh. Tapi geuning nasibna mah alus, kaluar sakola téh teu lila teus diangkat jadi Guru PNS. Malah meunang tunjangan sertifikasi guru ogé pangheulana manéhna mah. Boga pamajikanna ogé bageur, da waktu kabéjakeun arék nyandung ogé angger wé kulawargana téh reugreug pageuh. Alusna wéh teu tulus, da kaburu kagareuwahkeun ku mitohana anu kacida galakna. Budakna geus genep, arék tujuh jeunganu di kandungan anu kakarak opat bulan jalan.

Adul urang lembur singkur anu jauh ka bedug, anak patani anu teu boga sawah tapi kahayangna ngaleuwihan kamampuhna. Hayang jadi insinyur pédah éta pinter ngagambar. Tapi kolotna teu mikeun sabab teu boga keur modalna. Anu antukna asup ka SPG éta ogé diskolakeun ku Uwana. Gawéna ukur ulin mun peré sakola, tara ieuh aya di imah majar sok ulin nganclong ka lembur batur naék ka gunung, nyusul curug, nyingkur ka sisi laut. Sakalieun aya di imah mun teu ngagambar, gawéna ukur tulas-tulis nyieun puisi atawa carita pondok.Tara ieuh pirajeuneun daék ka sawah mantuan kolotna nampingan atawa ngarambét da teu bisaeun. Kaluar sakola jadi guru honor, meunang sataun terus ka luar pindah jadi kuli pabrik. Tapi angger nasibna ukur jadi kuli teu beda kolotna, hirupna susah, malah anak pamajikanna mindeng diberean ku mitohana. Dina weritna gawé kungsi jadi calo di terminal jeung kenék mobil angkutan umum sagala. Karunya teuing nya, ceuk pikir Nita. Kadieunakeun manéhna diangkat jadi Guru PNS tapi lain di lemburna.

Malah Adul sok mindeng teteleponan tina HP atawa SMS sanajan eusina ukur nayakeun keur aya di mana atawa keur naon ayeuna. Nita mésem, geuning aya kénéh anu paduli nya ceuk pikirna.

Ras inget ka SMS anu teu kungsi dibuka. HP anu masih kénéh ngagolér maturan Nita dina panjangna peuing, SMSna dibuka.

“Nita tos kulem kitu? (Adul)” Nita ngarénghap, teu nyangka mun anu tadi SMS téh Adul da nomerna béda. Sobat anu bisa diajak pakukumaha keur silih élingan atawa ngupahan dina mangsa ngarandapan kasusah, sakumaha anu karandapan ku Nita. Nita geus mindeng cacarita perkara rumah tanggana, jiga geus apal mun Nita keur aya dina katugenah. Ret Nita kana jam témbok.

“Jam tilu geuning.!, ah moal dibales bisi ngaganggu.”

“Mun tadi terus dibuka mah meureun can saré Adul téh, bisa diajak ngawangkong nya.”

Pitunduheun asa beuki jauh keur Nita mah, sanajan janari sepi jempling jeung hawana tiris. Simbut ukur nutupan sukuna anu ngahujar lambar, awak diantep ngaliglag padahal mah ukur maké papakéan ipis.

Les Adul leungit tina implenganana.

Nita ngarenghap, nginget-nginget deui, hayang neruskeun muter carita sakabeh baturna nepi ka anggeus, sakumaha anu kungsi dilakonan jeung dicaritakeun ka Nita waktu réunian SPG saangkatanana tadi beurang di imah Asep.

“Enya Arya, kunaon atuh teu datang tadi keur réunian nya...” Nita ngagerentes. Implenganna neutep hiji dedegan anu kungsi ngancik dina sanubarina. Arya anu kungsi dihianatan ku dirina.

“Hapura, ...” éta kecap anu mindeng diucapkeun Nita mun inget ka Arya. Rék teu kitu kumaha atuh da. Nita jeung Arya keur papada sakola di SPG kungsi nguntuykeun ranggeuyancaritaéndah, silih budalkeun rasa, silih eusian katresna dina lolongkrang haténa. Sanajan enya loba ogé babaturan lalaki, tapi jeung Arya mah béda, malah baturna anu sok biasa ngariung ogé mun pareng aya Nita jeung Arya sok tara diganggu majar cénah sina uplek keun wé da jeung kabogohna. Nita kacida bogohna ka Arya, ngan sabil dina dirina sabab Nita geus dijodokeun ku indung bapana ka hiji lalaki anu umurna sapuluh taun luhureun manéhna. Anu jadi salakina ayeuna. Nita teu bisa kumaha sanajan rongkahna ka tresna ka Arya teu bisa pegat jeung pamilih indung bapana. Teu wasa keur nolak, teu wasa keur narimana. Nita sabisa-bisa ngabunian, sabil haténa ka Arya, tetep ngajaga, miara tresna anu geus nyaliara dina warugana. Kitu deui Arya, asihna anu wening, cintana lain ukur kaulinan, dijaga diriksa, dijauhkeun tina angkara murka nu baris ngotoran hatena.

Bray dina sawangan Nita carita jeung Arya anu geus kaliwat lewih ti dua dasa warsa.

Sora manuk cici jeung saéran silih témbalan jeung baturna bari nyeuseupan nectar nu aya dina kembang dadap meujeuhna bareureum. Meletékna matapoé tina sela-sela tangkal jati anu ngahalangan leuweung jieunan tibeulah wétan mawa éndahna isuk di sisi situ Kamojing.

Nita jeung Arya diuk dina jukut sisi situ Kamojing anu dikurilingan kutangkal jati. Mangsa usum geus nyedek ka halodonakeun, daun-daun jati geus loba anu maruragan, sawaréhna jukut anu minuhan sisian situ geus loba anu gararing, kekembangan kitu deui ukur saeutik anu hirup kénéh jeung karembangan. Nita jeung Arya pabetem-betem jiga taya picaritaeun, padahal dina hate duanana kacida galécokna. Teu aya nu wani ngamimitian meureun sieun salah anu diucapkeun.

“Piraku atuh nya kudu ngamimitian mah!.” Ceuk Nita tina gerentes haténa.

“Kedalkeun waé kitunya,?” hate Arya ngagerentes jiga anu terus rasa, bari ngarérét ka Beulah katuhu. Bréh katempo ku Arya aya kembang anu keur mangkak megar pulasna bodas, anu saenyana keur diteteup ku Nita ti tatadi. Jung Arya nagtung, Nita kitu deui dua nana muru kembang bodas anu tujuh lengkah ti tempat diukna.

Jiga anu geus satujuan, brek Nita sideku nyangharepan éta kembang, Arya kitu deui, dua nana pateuteup, tapi teuaya kecap anu kaluar ti maranehna. Luk maranéhna tungkul jiga nu teu wasa narima seukeutna teuteupna anu nembus kana jero dada duanana.

“Alusnya.”Hiji kalimah kedal ti Nita jeung Arya kalayan jentré dina waktu anu sarua. Duanana jiga anu reuwas, anu tadina rék ngala éta kembang malah kapateuteup deui. Teuteup anu pinuh ku kapanasaran, hayang ngedalkeun rasa anu nyaliara dina hate duanana, anu acan bisa ditembrakeun sanajan maranéhna geus wawuh di sakola mangbulan-bulan.

Nu aya ukur rénghapna dada basa kembang aya dina keupelan duaan anu pageuh pinuh ku kadeudeuh. Teutepan anu geus tagiwur ku geterna rasa anu nyaliara, dipapaykeun ku hawa nu miniti haneut tina matapoé anu kaluar tina sela-sela tangkal jati ngalangkangan dina cai. Jep Simpé.

Hawar-hawar sora adzan subuh nyadarkeun Nita tina alam lamunan anu kacida jauh jeung lilana. Koléséd Nita tina tempat saréna anu teu kungsi disaréan dina sapanjangna peuting.

Segruk Nita nyu’uh kana sajadah. Ngadu ka gusti Alloh, teu kuat ngarandapan nasib anu pinuh ku kapeurih dina mangsa dirina keur butuh panyalindungan keur nembrakeun kasusah, katugenah, pakukumaha. Salaki nu geus mindeng loba alesan kaluar ti imah dina lain mangsana. Dinas luar nu teu puguh surat tugasna. Rapat anu teu puguh jadwalna. Malah jiga geus euweuh waktu keur anak jeung pamajikan. Nita geus teu sanggup mun isuk pagéto aya deui awéwé anu nyusulan ka imahna, meredih hayang dikawin ku salakina sanajan naon waé alesanana. Teu hayang ngadenge Putri ngawih lagu tongtolang nangka hareupeun bapana sanajan sorana halimpu, sabab rasana lain ukur kesed tapi pait peuheur matak ngurukeun kana awak jeung rajétna haté.***

2 komentar:

majalah basa sunda balébat mengatakan...

sae kang artikel artikel sareng carpona, upami resep kana kasundaan mangga kang sumpingan ka www.majalah-balebat.blogspot.com

majalah basa sunda balébat mengatakan...

meni reueus kang kana artikel sareng carpona, upami resep kasundaan mangga kang sumpingan majalah basa sunda www.majalah-balebat.blogspot.com haturnuhun