Senin, 12 Juli 2010

Carpon

BUI

Ku : Sambas Bara

“Teu kapikir mun kuring ayeuna kudu ngaringkuk di jero bui,” ceuk manéhna bari tetep tungkul jiga bueuk meunang mabuk.

“Kumaha mimitina, Man?”

“Panjang ari kudu dicaritakeun mah.”

“Keun waé da kuring ka dieu téh apan hayang nyaho anu saenyana, ulah cénah ceuk batur. Kitu téa kieu téa, bari teu puguh kumaha benerna,” témbal téh bari ngasongkeun udud kéréték karesepna.

Cekrés, panékér mahnit dihurungkeun, sor diasongkeun ka udud anu geus aya di biwir Hérman. Hérman nyeseup ududna anu kakara hurung, jero pisan. Udud méréték nepi ka muruluk bakona.

“Sam, poma keur saayeunaeun mah ukur urang duaan anu nyaho!” pokna deui.

“Kumaha kitu?”

“Bisi nasib kuring goréng kudu ngalaman ngaringkuk di bui, hiji waktu mah pedar ku manéh ka kulawarga kuring. Kuring ngarasa sukur pisan manéh bisa datang. Tadina mah geus aral da manéh lila euweuh ngamprokan.”

Hérman ngarandeg, kaselang ku nyeseup udud. Sirahna ditanggahkeun. Katempo beungeutna bariru jiga urut ngaraponan.

“Kudu ti mana heula nyaritana nya, sangakan manéh ngarti anu saenyana. Kuring miharep pisan manéh bisa mantuan, da manéh mah pan loba kawawuhan di kajaksaan atawa di kapolisian.”

“Éta mah baréto keur urang jadi wartawan. Apan ayeuna mah urang téh geus jadi guru, meureun geus parohoeun da geus aya kana lima taunna,” témbal kuring.

“Sugan we atuh ingeteun kénéh, da kuring téh butuh pisan pitulung,” pokna deui.

Daradad manéhna ngadongéngkeun lalakon hirupna. Lima taun ka tukang, sakumaha anu kuring apal, manéhna diangkat jadi pengawas sakola dasar. Tah ti harita cenah mimitina. Manéhna mimiti loba duit, meunang ti sisi ti gigir. Mun ka sakola ngayakeun pembinaan ka guru atawa monitoring, balik téh bisa dipastikeun amplopna moal kurang ti saratus rébu. Kitu deui mun aya guru anu arék naék pangkat, méméh dipariksa téh sok ngamplopan, malah leuwih gédé batan amplop monitoring ka sakola. Najan enya gajih geus teu weuteuh da dipaké meuli mobil, tapi manéhna teu hariwang teu sing da unggal poé boga panghasilan tambahan.”

Sataun mimiti mah duit ladang ti sisi ti gigir téh nepi kénéh ka pamajikanana. Sanajan enya pamajikanana boga gajih sorangan, tapi manéhna ngarasa éta mah kawajiban. Komo budakna anu dua keur meujeuhna biayaeun. Paling-paling manéhna mah ukur nyesakeun keur meuli bengsin atawa nyadiaan keur ganti oli jeung ban.

Taun ka dua, mimiti aya gogoda. Duit anu tadina lolobana dipasrahhkeun ka pamajikan ayeuna mah ti balik, malah sésana. Teu pira cenah, mimitina mah amprok jeung Lilis di Bandung, waktu penataran aya kana samingguna. Lilis nyaritakeun geus jadi randa.

Hubungan jeung Lilis jadi nuluy. Lain ukur di tempat penataran, tapi nepi ka kabawa balik. Waktu mulang, Lilis ngilu jeung manéhna, malah méngkol heula ngajak ngendong sapeuting di Lembang, mandeurikeun balik ti rombongan.

“Terus kumaha?” kuring ngéngklokan.

“Satuluyna Lilis mindeng ngajak ulin, unggal waktu anu luang di dinas mindeng dipaké paduduaan jeung manéhna, poya-poya maké duit anu biasa dibawa balik,” témbalna bari rada ngaheruk.

Ceuk manéhna, ka pamajikanana geus rupa-rupa nyieun alesan sangkan dipercaya. Rapat jeung kapala dinas téa, jeung sasama pengawas téa, aya urusan di kabupatén téa. Balik ka imah mah geus teu puguh wayah.”

Teuing nyahoeun ti saha, dina hiji waktu pamajikanana bangun ambek pisan basa manéhna balik peuting téh. Harita manéhna tas paduduaan jeung Lilis, pelesiran sapoé jeput. Tapi najan enya salah, manéhna embung éléh, sabisa-bisa ngajelaskeun bari jeung roman ambek sangkan pamajikan percaya jeung ulah nyangka nu lain-lain.

“Ti harita kuring rada ngerém. Najan enya ka Lilis téh butuh, tapi ari kudu paburantak kulawarga mah ké heulaanan. Da ka Lilis téh wungkul keur hiburan, euweuh niat keur enya-enya. Enya gé urut kabogoh tapi da ukur saliwat. Manéhna gé meureun bogoh ka kuring téh pédah kuring keur loba duit, aya araheunna,” ceuk Hérman.

Lilis ditinggalkeun. Tapi hiji waktu ka Lilis aya anu hayang ngajak rumahtangga, ngan cénah mah rada kolot umurna. Ceuk Hérman harita mending tarima waé, da manéhna mah teu mungkin, komo ari kudu nyandung mah, da teu dimeunangkeun ku aturan. Ari susulumputan, moal aya tungtungna, malah nambah pirujiteun.

“Kumaha tah, bérés jeung Lilis?” kuring nyelang nanya.

“Puguh gé dina hiji waktu mah asa reuwas pisan. Manéhna ka imah, kabeneran kuring keur ka luar. Cénah ngomong ka pamajikan mun manéhna rék kawin. Atuh pamjikan téh mentog, naon hubunganana cénah rék kawin kudu bebeja ka akang sagala!”

Hérman éléh géléng. Ahirna dicaritakeun ka pamajikanana mun éta téh anak buahna. Meureun ngahargaan ka atasanana mun manéhna bébéja rék kawin téh. Hadéna pamajikanana teu katutuluyan.

“Tah éta lalakon kuring jeung Lilis téh. Kadieunakeun mah kapopohokeun, da manéhna nyaan kawin ka pejabat anu ditinggalkeun maot ku pamajikanna,” pokna nyambung.

“Ari ieu, anu meulit ayeuna, kumaha nepi ka kajadian kieu?” ceuk kuring.

“Heueuh, ceuk kuring gé apan éta mah mimitina. Ari sugan moal aya pangaruhna. Meureun tadina geus biasa kikituan jeung Lilis, kuring jadi katutuluyan, mindeng néangan tempat hiburan, ngumbar nafsu. Teuing geus sabaraha puluh kali ulin ka Pantura. Geus sabaraha boa awéwé anu kungsi ngalayanan birahi kuring. Geus kawas jajan di sisi jalan baé. Ngan ari ka kulawarga atawa ka dinas mah tara nyirikeun,” pokna.

Kikituanana téh cenah nepi ka taun kaopat manéhna jadi pengawas. Peledug deui manéhna udud, nepi ka tinggal puntungna. Sut deui nu anyar.

“Taun kalima, kuring jadi Kapala Unit. Najan biayana rada gedé, ku kuring dikojayan. Meungpeung keur mampuh, najan kudu ngajual sawah, sakalian keur ngaganti mobil anu geus katinggaleun modélna,” pokna deui.

Jadi Kapala Unit, najan henteu turun langsung ka handap jiga keur jadi pengawas, tapi nu nepungan ka kantor mah euweuh towongna. Utamana anu baroga kahayang. Béas mah geus teu kudu meuli da loba nu hideng nganteuran ka imahna. Atuh panghasilan ti sisi ti gigir tara kurang, komo mun aya penerbit atawa distributor buku nu hayang ngajual bukuna ka sakola. Asa meunang lotré baé. Tekenan oge jadi duit ayeuna mah cenah. Can tina bati ulangan umum, penerbit téh sok méré uang muka komisi sangkan soal dicitak ka manéhna.

“Bareto, waktu kuring hayang jadi kapala sakola kacida héséna. Malah mun teu nandonkeun SK di BPD mah jigana moal jadi. Ayeuna kaalaman ku kuring, kumaha ngatur-ngatur nu hayang jadi kapala sakola.

“Meureun éta nya anu ngajebruskeun di dinya ka bui téh?” kuring nyelang nanya.

“Lain, lain perkara jabatan atawa pagawéan. Nu ngalantarankeun kuring ngaringkuk di dieu mah alatan nafsu,” ceuk Hérman rada peura, tuluy luk tungkul, siga hanjakaleun pisan ku kalakuanana sorangan.

Hérman neruskeun caritana, kabéh ditembarakkeun taya nu didingding kelir. Cenah salila manéhna jadi Kapala Unit, mindeng pisan gunta-ganti awéwé. Malah aya anak buahna anu biasa mangnyiarkeun awéwé jekékan keur ngumabar kahayangna.

Hiji mangsa, manéhna kagémbang ku randa anyar nu teu jauh ti tempat ngantorna. Karék sabulan cenah dipegatkeun ku salakina. Panyakit anu kungsi kasorang waktu hahadean jeung Lilis kajadian deui. Malah ayeuna mah lewih parna, sabab kungsi mondok moék di Sunarti, randa anyar téa. Kungsi aya samingguna manéhna teu balik ka imah. Alesanana mah mondok di kantor.

Dasar keur apes meureun. Hiji poé waktu manéhna paduduaan di kamar jeung Sunarti, teu ku hanteu kacerek deleg ku barudak ngora di lembur éta. Hérman digerebeg jeung digarebugan nepi ka taratu. Atuh waktu di kantor pulisi, saksi kabéh neumbleuhkeun ka Hérman, sabab Sunarti boga kénéh idah. Aalah aya béja, anu ngagerebeg manéhna ogé dikokojoan ku urut salakina Sunarti.

“Kitu tah, Sam, kajadiannana téh,” pokna dareuda. “Poma kuring tulungan. Geuning batur mah geus euweuh nu malire.”

Kuring kakara surti. Meureun manéhna téh hayang nyarita yén loba duit téh teu salawasna senang, tapi bisa ngejbruskeun urang leuwih hina batan tukang maling hayam.

Kumaha mun kabéh Kapala Unit jiga kieu? Naon nu dicontoan ku Hérman apan kacida rusakna. Bororaah mikiran kamajuan, nu puguh duit dimurah-maréh keur nu lain-lain.

Tapi, sapinter-pinterna bajing luncat, hiji mangsa mah teu wudu ragrag. Karandapan pisan ku Hérman, najan enya kalakuanna teu kaambeu ku kantorna, angger wé asup bui. Haté kuring sabil, naha pantes Hérman ditulungan?

Geus aya sajamna kuring jeung Hérman uplek ngobrol di ruang besuk kantor polisi. Ieu tempat téh bareto mah, keur jadi wartawan, mindeng dilongokan keur neangan bahan warta. Ayeuna gé bisa ngobrol rada lila téh alatan loba kénéh anu wawuh, anu can kungsi mutasi atawa promosi.

Satadina geus teu hayang asup deui ka dieu téh, najan ukur lolongok. Ari ayeuna bet kudu ngalaman deui. Mun teu dipapaksa ku Mimin mah, pamajikan Hérman, horéam teuing. Geus tilu kali Mimin ka imah, minangsaraya hayang ngaluarkeun salakina anu geus dua poé ditahan di kantor Polrés.

Ku lantaran watir, kapaksa disanggupan. Sugan waé jadi pelajaran keur Hérman. Saenyana Hérman jeung Mimin téh lain sasaha, sobat kuring ti jaman SMA kénéh, ngan nasib anu béda téh.

Sora Hapé ngagareuwahkeun kuring anu keur uplek ngobrol.

Bas!” sora Mimin ti beulah ditu.

Kumaha, beres?” kuring nanya.

“Atos. Ajak wé pun lanceuk ka dieu. Abdi aya di rohangan bap,ceuk manéhna.

“Muhun, mangga.” Hapé ditutup. Kuring tuluy ngajak Hérman, Ayeuna mah urang ka hareup yu!”

“Ka mana, Sam?”

Tuturkeun urang!”

“Moal ku nanaon?”

“Tuturkeun wé, ulah loba carita!” ceuk kuring bari cengkat.

Tétéla usaha kuring jeung Mimin hayang ngaluarkeun Hérman téh aya hasilna, sanajan kudu maké sasajen. Untungna kasusna téh teu kungsi kaékspos ka media. Teuing geus sabaraha anu dikaluarkeun ku Mimin ngaliwatan leungeun kuring keur ngabungkem wartawan jeung LSM anu kungsi rék ngungkit ieu kasus.

Teu apaleun Hérman mah. Tadi gé pan sasat nyandiwara. Kuring hayang sangkan manéhna balaka, ulah wungkul ti pamajikanna, anu teu weléh ngangluh ku kalakuan salakina. Hérman nyangka pamajikanana teu apaleun. Padahal méméh Hérman nyarita ogé Mimin geus ngadongéngkeun sagala rupana.***

Tidak ada komentar: