Jumat, 25 Juli 2014

LEBARAN DI LEMBUR



LEBARAN DI LEMBUR
Carpon Sambas Bara
Panas poé hawa Karawang kacida morérétna, motor teu bisa kenceng lumpatna kagok ku kandaraan séjén anu sarua ka kalérkeun minuhan jalan. Ieu teu biasana sanajan kajadian ieu ukur sataun sakali, biasana anu ngatur jalan alternatif  keur mudik lebaran  maké jalan anu teu jauh ti jalan gedé atawa jalan utama. Tapi kusabab numutkeun data anu aya kandaraan motor kacida lobana, jalan alternatif keur ngabuang ngajaga kamacétan di jalan Pantura anu ka wétankeun dipengkolkeun heula ka béh kalér rada jauh.
Totoang anu tadina ukur rajeg ku tatangkalan sisi jalan ayeuna loba saung jeung tenda diparaké dagang inuman jeung kadaharan. Meureun keur nyadiaan anu ngareureuhkeun kacapé rék neruskeun lalampahan ka wétankeun, utamana mah anu maraké kandaraan motor. Tangtu capéna mah, nu rék mudik naék motor lian ti kudu konséntrasi kana kaayaan jalan, meureun kudu tolih kana boncéngan jeung babawaan anu kacida rébona, bisi murag atawa kasenggol batur. Da lain barang bawaan wungkul nu baris ruksak mun kadeupak, meureun nyawa anu kacida gedé hargana baris ragrag di jalan. Ku kituna satékah polah ngajaga kaamanan salila di perjalanan, sanajan mindeng eureun-eureunan anu pentingna bisa nepi kalayan salamet, riung mungpulung tepung sadudulur dina poé lebaran nu ditungguan.
Ka lembur anu biasana ukur sajam, ayeuna rada lila da teu bisa kebat, motor majuna ngarayap mindeng ngerém jeung ngendoran gas. Komo mun aya motor hareupeun motong tengah jalan anu rék kaliwatan, haté nambahan sebér sok sieun teu nepi ka lebaran. Malah sakapeung mah sok malik ambek, jigana mun lain keur puasa mah meureun ngaran sato anu pangnajisna jeung pang dipikageuleuhna dipaké ngalandih anu sok sulap salip bari kenceng narik gas ngagokan jalan.
            Saméméh asar geus nepi ka lembur. Aki jeung Ninina Si Putri keur paciweuh tukangeun imah, ngoméan cékér kebo karesepna mun rék nyanghareupan lebaran. Paribasa sanajan teu meuli daging asal ngasakan cékér. Kitu téana mah pantes, da nu kaalaman ti keur budak kénéh mun lebaran téh ari sop cékér mah sok aya waé.
            “Pa loba teu cékérna?” ceuk kuring nanya ka akina Si Putri. Enya bapa kuring, ditelahkeun kitu téh da éta wé ka Si Putri mah anak kuring anu bungsu kacida nyaaheunana, teu jiga ka incu-incu anu séjénna jigana téh.
            “Loba sakieu mah” Jawabna.
“Ari kupatna aya can, mih” kuring ganti nanya ka indung anu keur mirunan di hawu.
“Geus asak jang, ngan hayam mah can boga,” meureun ingeteun da boga minantu teu beuki ka rupaning daging kayaning sapi, kebo atawa embé. Ukur daék kana daging hayam.
“Enya ké urang néangan atuh ka pasar nya!” bari léos ka hareup niat rék ka pasar néangan hayam beulieun anu geus meunang ngadudutan ngarah tinggal ngasakan.
            Puasa ngan tinggal ukur nungguan jam-jaman nepi ka magrib, sora bedug nurugtug ti unggal masjid jeung tajug. Anu silih anteuran kadaharan geus pahibut.  Geus karasa kaayaan rék lebaran di lembur téh. Kaguyuban jeung silih ajénan jigana aya kénéh pamorna. Malah kiwari mah ka ayaan kahirupan di lembur jigana geus subur. Ampir geus teu katempo dapur anu teu ngebul dina poéan motong (sapoé méméh lebaran).
            Méméh dur magrib, kadaharan geus ngajajar dina méja meunang nyiapkeun indung jeung pamajikan. Aya korma, és campur, sirop, sop cékér, opor hayam, kupat, wah pokona mah sagala aya. Da jigana moal mantak séép sanajan napsu ngagugudug keur hayang méakeun. Meureun itung-itung kaulan keur nutup puasa dina Romadhan ayeuna.
Kadaharan hiji-hiji diteuteup, asa ngahelas mun inget deui mangsa keur budak. Dina mangsa keur werit hésé duit, paré béak ku beurit, indung bapa panghasilan ukur usum panén kitu ogé mun paré teu kaserang wereng.
            Bororaah boga kadaharan ngareunah jiga anu aya di méja jiga kitu, bareto mah mun rék buka puasa manggih sirop jeung bonténg suri anu maké és ogé tara unggal poé. Lolobana buka puasa ukur ku cai herang, jajauheun aya korma sagala. Nu disanghareupan iwal ti sangu jeung sambel tarasi atawa anggeun bayem meunang ngudeur ti tukangeun imah, untung kénéh mun katambahan ku kurupuk ogé. Mun saur ukur sangu jeung kulub bonténg atawa kulub émés, kacida atohna mun keur katambahan ku kécap jeung kurupuk meuni asa méwah.
            “Nuhun Gusti” Ceuk haté. Asa karasa nimatna, basa dur bedug magrib nempo sakulawarga balakécrakan buka. Anak pamajikan teu ngalaman susah jiga anu ku kuring karandapan magsa keur budak.
            Bedug nurugtug, mirig takbir nu malipir kana lolongkrang bayah unggal waruga anu ngaku Iman jeung Takwa. Agungna Gusti geus teu sangsi, pangalaman kahirupan anu geus puluhan taun ngabuleudkeun tékad, mungguh Alloh nu jadi pamuntangan. Robahna jaman jeung kabiasaan nungtun kana pancegna kaimanan ku ayana Pangeran jeung mahlukna.
            Peuting geus karasa tirisna, sora takbiran anu kadengé dina sapéker geus teu ngaguruh teuing saorana. Sora dulag sakapeung sok eureun, geus teu nurugtug jiga tadi keur soré.  Mun soré anu takbiran jentré sora barudak jeung pamuda anu baredas, ayeuna sorana robah, ganti ku sora kolot anu leuleus liat, sakapeung dibarengan ngéhkehna batuk jiga béakeun sora jeung katiisan ku hawa anu geus ibunan.
            Lain teu hayang ngagantian takbir di masjid anu sorana geus les-lesan, ngan asa beurat ninggalkeun pago (tempat diuk tina awi) sisi jalan anu keur didiukan bari neuteup poékna peuting. Geus puluhan taun kuring ninggalkeun lembur, teu apal kumaha kaayaan dina manggsa peuting keur nyanghareupan lebaran.
Hayang maca deui catetan alam katukang. Jaman  keur budak, mun peuting maleman takbiran. Sisi jalan pinuh ku colén anu dijieun tina awi anu rupa-rupa modélna, nyaangan jalan anu biasa dipaké iring-iringan takbir bari ngarak bedug ngurilingan lembur. Bada  solat isa, bedug jeung kohkol ditaékeun kana roda, sapéker toa ditihangan pondok ditalian kana béca, mawa amplipayer jeung aki, mikna maké spéker urut radio transintor anu geus teu kapaké dibulen ku saputangan ditalian ku karét geulang.
Colén anu rada gedé disiapkeun di hareup, biasana tara kurang ti opat ngarah jajalaneun keur tincakeun katempo écés anu  taringul ukur diarug ku taneuh jeung sirtu. Guru ngaji anu mingpinna, barudak awéwé jeung lalaki umumna anu nyalantri ngarilu ngiringkeun bari silih gantian takbiran, sawaréhna marawa colén ngaleut ngeungkeuy ngabandalet, ngembat panjang minuhan panjangna jalan.
Ngurilingna sok rada jauh, muru lembur anu singkur, mapay jalan désa anu carang kasaba. Majar  cénah ngarah  katémbong agungna syiar Islam dina nyanghareupan poé lebaran. Da saenyana, unggal lembur anu kaliwatan, sisi jalan hurung ngempur ku colén. Nu lalajo ngarégrég minuhan sisi jalan, meureun hayang sidik anu narok bedug anu piriganna diréka-réka jiga tepakan jaipongan bari teu ngarobah kalimah-kalimah takbir dina tetekonna. Kastam jeung Didi anu kawilang pinter ngadulagna, malah béja mah kadieuna kungsi jadi pamilon ngadu bedug meunang sababaraha kali jadi jawarana anu diayakeun di tingkat kacamatan.
Tengah peuting kakara nepi deui ka masjid. Tabiran diteruskeun nepi ka subuh. Tara ieuh sok balik ka imah ari keur kitu mah da ngarah teu kabeurangan. Ongkoh da resep masjid téh pinuh ku nu takbiran, kolot, budak, jeung barudak ngora kacida sumangetna. Sanajan enya sok aya anu katunduhan sok ker waé di masjid, malah sok dihareureuyan anu beuki saré mah diléwékan uyah atawa gedoh kopi urut ngaropi anu takbiran.
Ayeuna geus robah, takbir jeung dulag anu diiring-iring ku santri ukur tinggal carita anu bakal dipedar keur anak incu ka hareup. Colén anu minuhan sisi jalan geus leungit, moal mantak apaleun mun ditanyakeun ka anak ogé da euweuh urut-urutna acan. Meureun ngaran naon ari colén téh. Kitu deui barudak ngora jigana geus réa anu teu resepun kana dulag jeung takbiran di masjid téh. Da basa ka janarinakeun, kuring asup ka masjid anu baheula tempat kuring takbiran ngan ukur aya tiluan jeung anu narokan bedug. Ustad Ramin jeung Acut anu takbiran, Kastam anu ngadulagna. Éta kabéh saentragan jeung kuring batur ngaji di pa Ustad Taswan baheula keur jaman lampu patromak. Takbiran nerus parat nepi ka subuh taya deui anu maturan.
“Allohu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar Lailaha Ilallahu Allohu Akbar, Allohu Akbar walilahilham ...” kacida asa ngagedoran dada ngeundeuk-ngeundeuk jajantung nepi ka ratug. Kuring sila di jero Masjid Agung, aya dina shap  panghareupna. Biwir geus teu bisa nyenghab keur ngucapkeun takbir ku sora anu gahar. Rasa, rumasa asa nampeu, nyelek kana angen. Asa beuki kapikir diri pinuh ku rurujit, sirik jeung dengki anu kungsi nyailiara dina jero dada. Rumasa geus salah ninggalkeun lembur bari joledar.
Dina tangtungan anu ka hiji, tujuh takbir geus asa berat keur ngucapkeunana. Teuteupan ka pangsujudan asa geus teu écés kahalangan ku cipanon anu keukeuh nampeu miheulaan kecap hampura. Sora imam lain ukur kadengé tapi asa nyusup kana sanubari ngageterkeun rasa. Unggal kecap karasa jiga pangnanya malaikat dina poé balitungan sakumaha katerangan anu katarima ti guru ngaaji waktu keur budak. Teu walakaya, nu aya ukur pasrah tumarima sabab biwir geus kakonci ku polah jeung léngkah.
Buyar imbar di masjid, gagancangan hayang muru ka imah kolot, tapi da rada anggang leumpang aya kana saparapat jamna. Unggal léngkah asa beuki gejed malah beuki lila, loba babaturan jeung kawauhan anu nanya bari ngajak sasalaman. Piraku ari teu dipiroséa mah.
“Minal Aidin Walfaidzin, hampura nya ... iraha datang?, kamana waé?” éta kalimah  anu ampir sarua geus teu kaitung ku lengkah anu mapaykeun nepi ka imah.
Anggang kénéh katempo indung jeung bapa diuk paréndéng dina korsi nu nyarandé kana tihang sisi panto. Gigireuna aya pamajikan jeung anak anu opat.
Saenggeus uluk salam, kedepruk nyuuh kana lahunan indung.
“Mih,... hampura nya,  uing rumasa geus jolédar nepi ka kiwari can bisa nyenangkeun ka kolot ...” nyegruk dibarengan ku nyurucudna cimata nu maseuhan lahunan. Ceurik ngagukguk asa can puas maseuhan lahunan indung ku cimata keur ngedalkeun rumasa diri anu pinuh ku dosa.
“Enya, caang bulan sasapuan jang. Mih gé hampura, dina poé hadé bulan hadé ku mih dihampura. Diduakeun sing jadi jelema anu jembar, anu jujur, bisa nyenangkeun kulawarga. ...”
“Amin...”
Kedepruk deui ka lahunan bapa.
“Pa uing hampura, ...”
“Enya, bapa gé hampura baheula teu bisa ngabekelan ku harta haliah dunya, teu bisa nyakolakeun luhur, tapi geuning manéh geus bisa ngabayuan kulawarga malah nepi ka sakola jadi sarjana. Ku bapa diduakeun mugia sing bisa jarah ka tanah suci nya,...”
“Amin..”
Gék diuk gigireun bapa nu asa katempo geus kolot pisan, buukna geus robah bodas kabéh, pantes kituna mah da meureun umur geus leuwih ti tujuh puluh taun. Haté mateng ka Gusti, mugia indung bapa sing panjang umur bisa nempo anak incuna hirup aya dina kasenangan. Sanajan enya boga indung bapa taya kaboga ku haliah dunya tapi keur diri kacida gedé hargana. Teu aya bandingannana, da meureun mun enya gé hayang males jasana indung bapa moal mantak himpas satutup umur. Sasat ieu diri bisa sakieu ogé meureun teu luput ti pangdua kolot nu taya kendatna.
Kedepruk pamajikan nyuuh dina lahunan ménta dihampura bari rambay ku cimata. Asa aya kénéh cimata maseuhan tarang pamajikan basa tanggah neuteup pinuh ku harepan. Teu wasa neuteup pamajikan anu reumbay kucimata ditungkulkeun bari diusapan ku kadeudeuh anu teu unggal waktu bisa dilakonan. Lain birahi jiga basa keur amprok bujang jeung lanjang, tapi ka asih anu wening keur silih pihapekeun pikir jeung rasa anu sajati. Komo ieu papajikan téh geus pahatulalis.
“Mah, hampura bapa can bisa nyenangkeun ka mamah, geus dua puluh taun urang rumah tangga ukur reuay ku budak nya. Tapi Insya Alloh kahareup urang bakal senang mun bisa nyukurannana...”
Terus disusul ku sasalaman ménta dihampura Si Cikal jeung adina anu geus mangkak rumaja, mimiti ka indungna terus nepi ka ninina. Anu dua deui mah leutik kénéh anu hiji si bungsu acan sataun, anu ka tilu kakara dua tahun ukur bisa ngalalajoan.
Asa aya kabagjaan anu kacida rohakana. Dina ieu lebaran idung bapa masih kénéh bisa dipénta hampurana, jeung bisa kénéh ngaduakeun. Anak jeung pamajikan kapakéan anu wareuteuh. Alhamdulillah anak teu ngalaman ka susah jiga mangsa diri keur budak, mun lebaran teu bisa salin ku pakéan anu weuteuh. Najan enya salin sataun sakali tapi anu ganti ukur pakéan seragam sakola, kitu gé sapatu mah nepi ka rajét ogé ari bisa kénéh dipaké mah teu diganti. Lain teu ihtiar indung bapa teh, tapi kaayaan anu werit, usaha hésé duit, melak paré mideng dihakan beurit.
“Hayu ah jang urang nyekar heula ka makam aki jeung nini, bisi beurang mantén!” ceuk indung ngabuyarkeun lamunan mangsa katukang anu puluhan taun manggsa budak anu pinuh ku kasusah.***

Tidak ada komentar: