Jumat, 25 Desember 2009

Wangunan Sajarah


BENDUNGAN  WALAHAR


ku Sambas Bara

          Sasak Parisdo anu ka telah, ieu wangunan dijieun dina mangsa bangsa urang dijajah ku Walanda, salah saurang Walanda anu jadi ahli dina widangna ngawangun ieu sasak nyaeta anu ngaran Ir. C. Swaan Koopman (1897-1961). Sasak Parisdo ngamimitian diwangun  taun 1918 nepi ka taun 1925, saenggeus angges terus ngamimitian digunakeun tanggal 30 Nopember 1925.

Sasak Parisdo kadieunakeun mah popular ngaranna Bendungan Walahar (tulisan anu aya dina wangunan nyaeta Bendung Walahar). Bendungan Walahar dijieun maksudna keur ngatur cai walungan Citarum, keur nyaian sawah dina usum halodo sangkan teu kakurangan cai. Di dieu cai Citarum bisa ditutup atawa dibuka saluyu jeung kabutuhan anu diperlukeun keur nyaian sawah.

Ku kituna ieu Bendungan Walahar teh kacida gede mangfaatna sabab lian ti bisa nyaian sawah anu legana 87.506 hektar ieu dina usum halodo oge bisa ngadalikeun banjir dina usum hujan. Sabab samemeh aya Bendungan Walahar, utamana sawah anu deukeut ka laut mun usum hujan dibarengan ku rob cai laut dipastikeun kabanjiran, jeung nyawah ukur bisa panen sakali dina sataun, tapi saenggeus aya eta bendungan mah panen teh bisa dua kali, malah kadieunakeun mah aya anu bisa panen tilu kali dina sataun.

Bendungan Walahar nyambungkeun jalan Kacamatan Ciampel jeung Kacamatan Klari anu kapegat walungan Citarum, ieu hiji-hijina jalan darat anu bisa diliwatan ku urang Ciampel mun ka kota Kabupaten nepi ka taun 80-an.

             Biasana dina sataun sakali, saenggeus usum panen dina usum halodo cai anu ngocor ka beulah kaler sok disaatan. Ti suklakna ti siklukna pada ngajugjug sok hayang pada nyaraho Walahar disaatan sabab loba lauk jambal anu kacida baradagna ka saatan tinggal newakan. Malah nepi ka kiwari anu jadi icon Walah teh nyaeta pais lauk jambal anu dijual di sabudeureun Bendungan Walahar. Pais lauk jambal di Walahar lain lauk meunang ngingu di karamba atawa di empang, tapi lauk ti walungan Citarum anu teu wawuh jeung pelet atawa pur.

Kiwari Bendungan Walahar anu aya di Desa Walahar Kecamatan Klari Kabupaten Karawang, lian tifungsina keur ngadalikeun cai oge ngajadi tempat wisata anu kajojo, lain wae urang Karawang tapi ti luar oge loba anu ngahaja hayang nyaho Bendungan Walahar anu mangrupakeun wangunan langka jeung ngabogaan sajarah. Sajarah Karawang anu jadi Lumbung Padi (Leuit Pare)  di Jawa Barat dina jaman pamarentahan Orde Baru teu luput tina jasa cai anu ngocor ti Bendungan Walahar.

            Sora cai anu nyurug kacida nyeahna, nyilep sora-sora anu aya di sabudeureunna. Bendungan Walahar anu ajeg jeung weweg umurna leuwih ti 80 taun, anu robah ukur pulas tembok jeung sisi walungan Citaum anu diwatesan ku pager beusi.

Beuki dieu beuki loba anu ngajugjug, henteu sataun sakali dina waktu Walahar disaatan, tapi unggal poe Saptu jeung Minggu kacida ramena. Ti budak nepi ka kolot araya di dinya murak timbel jeung sambel, komo ari para nonoman mah  jigana teh jiga baretah pisan. Majar cenah ceuk anu kasmaran mah sugan weh jangji jeung asihna jiga wangunan Bendungan Walahar anu ajeg jeung weweg teu luntur ku waktu teu robah ku jaman.***

 

Tidak ada komentar: