Minggu, 17 Januari 2010

Karawang jeung Sajarahna

KUTA TANDINGAN

Ieu tempat titinggal hiji karajaan leutik kakawasaan karajaan Pajajaran anu ngaran Karajaan Kuta Tandingan Jaya, ieu karajaan diparentah ku Patih Panatayuda dibantuan ku Patih Purnakuta jeung Patih Mangkubumi, sedengkeun anu jadi ais pangampih  nyaeta Pamanah Rasa jeung Jaksa Imbang Kencana.

Dina mangsa ambrukna Karajaan  Pajajaran ieu Karajaan Kuta Tandingan Jaya leupas tina kakawasaan Pajajaran terus dikawasa ku  Kasultanan Banten anu dipingpin ku Syech Maulana Yusuf. Kasultanan Banten ngawasa  wewengkon Karawang beulah kulon walungan Citarum.

Taun 1626 hiji tempat anu katelah Udug-udug landeuheun Kuta Tandingan dijadikeun markas  tentara Kasultanan Banten anu dipingpin ku Pager Gunung anu nelah Pangeran Puger. Udug-udug mangrupakeun tempat  anu stratehis keur nalingakeun lalarliwatna parahu anu aya di walungan Citarum, pang-pangna nitenan nu jadi musuh. Di dieu pasukan tentara Kasultanan Banten nyerang Sumedang Larang, malah ieu tempat dijadikeun tangsi keur ngungkulan Sumedang Larang salahsahiji karajaan kakawasaan Pajajaran anu dirajaan Sultan Agung.

Di Kuta Tandingan kiwari loba anu bisa dijadikeun bukti ku ayana kahirupan dina mangsa ratusan taun anu kaliwat anu ngabogaan nilei sajarah. Di dieu  aya guha-guha  vertical anu disebut Luweng. Lawang-lawang  guha rembet ku tatangkalan mindingan liang guha anu can kanyahoan sakumaha jerona.

Kuta Tandingan masih keneh kalimpudan ku perkara mistis jeung kelenik, dina waktu-waktu nu tangtu umumna di bulan Mulud loba pisan anu ngajugjugan ieu tempat.  Kuta Tandingan  ayana di  Desa Mulyasejati, Kecamatan Ciampel, Kabupaten Karawang   38 km ti dayeuh  Kota Karawang.

2 komentar:

bayu mengatakan...

wah manstab kang blogna
emang kedah aya nu kieu yeuh di karawang
salam....

Oyah mengatakan...

Mampiirrrr... slm kenal ya pak, memang sejarah perlu diingat dan dituliskan ... kata org tua2 dulu "Ingatlah sejarah, sebelum dilindas oleh sejarah" ... lanjut paakk... dan sukses selalu... btw, jgn lupa mampir2 ke blog sederhana saya >> http://salonoyah.blogspot.com