Kamis, 19 November 2009

Pangalaman Aheng


ku Sambas Bara

CANDI BALANDONGAN

Harita poe minggu, kuring opatan jeung anak pamajikan maksud mah rek arulin ka basisir Tanjung Pakis. Panasaran piraku urang Karawang sorangan can nyaho tempat wisata nu aya di daerahna. Da basisir laut kidul geus kajugjug, beulah kulon geus ditempo, nu di wetan geus diteang ngan anu di Karawang can ka aprak.
Motor ngabius rada tarik, jalan anu kaliwatan aspalna alus nepi ka Batujaya mah. Sanajan samotor ku opatan oge, da kuring jeung pamajikan mah awak pada-pada ipis, budak dua pangedena kakara dua welas taun ari anu bungsu kakara salapan taun. Pasar Batujaya geus kaliwat, kuring inget yen di Batujaya teh aya Candi Jiwa. Rek mengkol heula bari ngareueuhkeun kacape da naek motor teh ti Telukjambe. Terus we nanyakeun ka ka tukang ojeg sisi jalan, geuning teu jauh ti dinya. Ti jalan gede mengkol ka katuhu asup ka lembur mapay jalan sisi sawah, teu lila geus nepi ka anu di tuju. Kakara harita kuring nincak kadinya, kasampak di Candi Jiwa loba barudak ngora anu arulin sarua pada-pada make motor malah mah aya keur nalungtik sagala. Di candi Jiwa aya anu keur ngangon embe, kuring nanyakeun rada talete kamaneha da manehna urang dinyana. Diantarana nayakeun aya sabaraha candi nu aya didinya jeung di mana wae tempatna. Ku manehna disebutkeun ngaranna jeung ditunjukan tempatna, tapi loba keneh cenah anu can ditalungtik da situs candi sababaraha tempat. Situs candi Jiwa anu kakara beres didangdanan mah, ari candi Balandongan kakara keur digawean, tapi geus bisa ditempo.
Kadenge hawar-hawar sora bedug anu disusul ku sora adzan lohor. Ti candi Jiwa teu lila da panasaran hayang nempo situs Candi Balandongan anu keur dipugar. Sanajan aya di pasawahan tapi ari jalan ka candi geus alus rata jiga meunang ngecor. Teu kungsi dua menit geus nepi ka hareupeun lawang gerbang candi Balandongan, katempo pantona anu dijieun tina seng ombak-omabakan ngageblag muka. Kuring teu loba pikir bus we asup lokasi situs candi da pamikir teh teu aya anu jagana. Hate kacida ngaranjugna basa geus aya di jero, panto ngadadak nutup padaahal teu aya angin. Teu dipikiran teuing, terus turun ti motor bari culak-cileuk sugan aya jelema diluareun candi, da ari dijeroeun wangunan candi mah kadenge aya anu ketrak-ketruk jeung gedak-geduk sora keur ngagedigan taneuh. Di luareun wangunan katempo bata patuliksak anu ukuranna beda jeung anu dipake jaman ayeuna, tapi ata bata katempona wareuteuh keneh.
Kuring sabaraha kali pupuntenan hareupeun lawang wangunan, teu aya sora anu nembalan maksud mah hayang nempo ka jerona. Can wani asup, koreleng ka tukang bari tenga-tengo sugan aya jelema di tukang. Geuning lebeng, nepi ka wangunan candi Balandongan diputer teu aya sasaha, ari tadi sora naon atuh anu kadenge teh, ceuk hate rada keueung. Teu lila teus we kaluar ti dinya, ngajak deui anak pamajikan keur nerusken rek ngajugjug Tanjung Pakis bari mawa kapanasaran nu teu puguh kasaha nayakeunna.***

1 komentar:

akangsia mengatakan...

wah... naon tah kang...