Selasa, 26 Mei 2009

Gerentes Hate " UKUR HAREPAN"

UKUR HAREPAN


Nyai.
Tuh mata poe nu ngintip tina sela-sela tangkal jati,
Katingal dina herangna cai situ kamojing
Nenjo ramo-ramo anjeun anu ngepeul sagagang kembang,
Dina keukeupan anu pageuh pinuh ku kadeudeuh.

Simpe,
Sora anjeun ukur renghapna dada,
Teuteupan anjeun ukur geterna rasa.

Galura katresna nyaliara,
Mapay waruga nu pinuh ku kabagja.
Nyangreudkeun tali batin dina sanubari,
Nitipkeun asih nu nitis najero ati.

Nyai,
Geuning wanci nu mawa jalir
Anjeun sulaya kabawa robahna jaman.
Pasini jangji, pasang subaya dina welasna taun anu kaliwat,
Ukur jadi panineungan.
Tuh jati,
Tuh cai,
Tuh kembang, nujadi saksi
Kiwari sirna mindingan katresna urang duaan
Cag.

SAMBAS BARA Karawang 2003

Tidak ada komentar: