Selasa, 26 Mei 2009

Gerentes Hate " Di BASISIR LAUT KALER"

DI BASISIR LAUT KALER

Sisi basisir laut kaler
Parahu-parahu pamayang geus pada miang.
Neang harepan nu taya watesna.
Kuring nangtung sisieun parahu nu tacan medal
Neuteup sagara nu nu seah ku sora lambak

Asa kamari anjeun aya gigireun.
Calik dina salambar samak daun pandan.
Ngedalkeun carita anjeun anu tunggara.
Bari rambay ku ci soca.

Anjeun janji moal bakal sulaya.
Neundeun harepan asih nu ngancik na hate kuring.
Pedareun kahareup mangsa udarna bujang jeung lajang.

Aya welasna taun urang pa anggang.
Dua windu urang teu tepung.
Enya,
Geuning urang ukur boga kahayang jeung ihtiar.
Mung Gusti nu boga kapastian.Anjeun nu pasini, geuning taya laratan.

SAMBAS BARA. Karawang 2003

Tidak ada komentar: