Sabtu, 23 Mei 2009

Gerehtes Hate

PEUTING NU URANG DI PANGUMBARAAN

Peting ieu bulan masih ngagembray najan tanggal geus likuran.

Tuh tingali ka beh kidul,

Parentul gunung batu nu maturan.

Angin peuting jadi saksi

Ngahiliwir mapaykeun sora katineung

Hawar-hawar aya sora nu nembuskeun gerentesna hate,

Gelik suling awi tamiang,

Nu malipir, mapay bayah hu pinuh ku katresna

Peting ieu bulan masih ngagembray najan tanggal geus likuran.

Nempokeun urang nu aya di pangumbaraan

Di dieu urang patepang, didieu urang nyieun caita endah.

Aya tali asih nyanggreud dina ati,

Simpay welas nyampay dina bayah nu lawas udar subaya.

Peting ieu bulan mapay panjangna peuting

Nutur-nutur waktu cunduk nepi ka subuh

Neang datangna beurang nu bakal jadi pamisah urang.

Peting ieu nu urang di pangumbaraan

Isuk bray beurang urang bakal paanggang

Kadeudeuh kamelang ukur tinggal hariwang

Nyai geulis,

Hayu urang mapag alam impian.

Angin peuting jig anjeun gera mulang

Susul tuh ibun janari, peuting ieu di pangumbaraan

Isuk urang patepang dina paturay tineung

Suling jajapkeun kuring ku hariring anjeun nu ngagelik ditungtung peuting.

Tepikeun jerit kuring ti pangumbaraan

SAMBAS BARA, Karawang 2003

Tidak ada komentar: