Kamis, 19 November 2009

Pangalaman Aheng


ku Sambas Bara

CANDI BALANDONGAN

Harita poe minggu, kuring opatan jeung anak pamajikan maksud mah rek arulin ka basisir Tanjung Pakis. Panasaran piraku urang Karawang sorangan can nyaho tempat wisata nu aya di daerahna. Da basisir laut kidul geus kajugjug, beulah kulon geus ditempo, nu di wetan geus diteang ngan anu di Karawang can ka aprak.
Motor ngabius rada tarik, jalan anu kaliwatan aspalna alus nepi ka Batujaya mah. Sanajan samotor ku opatan oge, da kuring jeung pamajikan mah awak pada-pada ipis, budak dua pangedena kakara dua welas taun ari anu bungsu kakara salapan taun. Pasar Batujaya geus kaliwat, kuring inget yen di Batujaya teh aya Candi Jiwa. Rek mengkol heula bari ngareueuhkeun kacape da naek motor teh ti Telukjambe. Terus we nanyakeun ka ka tukang ojeg sisi jalan, geuning teu jauh ti dinya. Ti jalan gede mengkol ka katuhu asup ka lembur mapay jalan sisi sawah, teu lila geus nepi ka anu di tuju. Kakara harita kuring nincak kadinya, kasampak di Candi Jiwa loba barudak ngora anu arulin sarua pada-pada make motor malah mah aya keur nalungtik sagala. Di candi Jiwa aya anu keur ngangon embe, kuring nanyakeun rada talete kamaneha da manehna urang dinyana. Diantarana nayakeun aya sabaraha candi nu aya didinya jeung di mana wae tempatna. Ku manehna disebutkeun ngaranna jeung ditunjukan tempatna, tapi loba keneh cenah anu can ditalungtik da situs candi sababaraha tempat. Situs candi Jiwa anu kakara beres didangdanan mah, ari candi Balandongan kakara keur digawean, tapi geus bisa ditempo.
Kadenge hawar-hawar sora bedug anu disusul ku sora adzan lohor. Ti candi Jiwa teu lila da panasaran hayang nempo situs Candi Balandongan anu keur dipugar. Sanajan aya di pasawahan tapi ari jalan ka candi geus alus rata jiga meunang ngecor. Teu kungsi dua menit geus nepi ka hareupeun lawang gerbang candi Balandongan, katempo pantona anu dijieun tina seng ombak-omabakan ngageblag muka. Kuring teu loba pikir bus we asup lokasi situs candi da pamikir teh teu aya anu jagana. Hate kacida ngaranjugna basa geus aya di jero, panto ngadadak nutup padaahal teu aya angin. Teu dipikiran teuing, terus turun ti motor bari culak-cileuk sugan aya jelema diluareun candi, da ari dijeroeun wangunan candi mah kadenge aya anu ketrak-ketruk jeung gedak-geduk sora keur ngagedigan taneuh. Di luareun wangunan katempo bata patuliksak anu ukuranna beda jeung anu dipake jaman ayeuna, tapi ata bata katempona wareuteuh keneh.
Kuring sabaraha kali pupuntenan hareupeun lawang wangunan, teu aya sora anu nembalan maksud mah hayang nempo ka jerona. Can wani asup, koreleng ka tukang bari tenga-tengo sugan aya jelema di tukang. Geuning lebeng, nepi ka wangunan candi Balandongan diputer teu aya sasaha, ari tadi sora naon atuh anu kadenge teh, ceuk hate rada keueung. Teu lila teus we kaluar ti dinya, ngajak deui anak pamajikan keur nerusken rek ngajugjug Tanjung Pakis bari mawa kapanasaran nu teu puguh kasaha nayakeunna.***

Selasa, 13 Oktober 2009

Mayor Surotokunto

(Tugu Mayor Surotokunto anu lawas, ayeuna geus diganti ku nu anyar di handap ieu)



SUROTOKUNTO

 Tugu Surotokunto ayana di Rawagabus Karawang,  ieu tempat kapanggihna mobil Mayor Surotokunto Komandan Resimen IV Tentara Republik Indonesia (TRI) nu aya di Cikampek taun 1947.

            Ieu tugu keur mieling Mayor Surotokunto anu diculik ku Laskar Rakyat Djakarta Raya (LRDR) saeunggeus ngayakeun rundingan di Kedung Gede Bekasi.

Basa rundingan Kedung Gede di tengah taun 1947,  nyaeta Menteri Pertahanan RI mutuskeun nyieun Detasemen Gerak Cepat keur ngahijikeun wadah pajoangan rahayat, tempatna di Karawang anu anggotana aya 150 urang, nyaeta ti BPRI, PBRI, PESINDO, Laskar Buruh, Hizbullah, jeung Sabilillah, maksudna supaya ngahiji teuaya salah paham jeung pihak TRI. Ngan dina eta rundingan Laskar Rakyat Jakarta Raya anu keukeuh nolak ngajiji.

Kaayaan jadi genting basa LRDR anu aya di Cikarang jeung Lemahabang terang-terangan nyerbu pos-pos TRI, anu ngabalukarkeun bentrok senjata di sabudeureun Kedung Gede jeung Lemahabang. Kitu deui salah sahiji Laskar Rakyat nu aya di Lamaran  anu di kokojoan ku Sujono ngangseg ka Karawang ngagabung jeung Laskar sejen, anu maksudna hayang ngarebut jeung ngawasa kota anu aya dina leungeun TRI.

Komando Keamanan Kota (K3)  Karawang teu wasa nyanghareupan pihak LRDR anu nimbulkeun kakacoan dimana-mana. Dina eta kaayaan Komandan Resimen IV TRI Mayor Surotokunto, samulangna tina rundingan di Kedung Gede diculik ku Laskar Rakyat Jakarta Raya di Rawagabus-Klari.

Ku ayana sikap LRDR ngamusuhan TRI, kapaksa TRI ngerahkeun kakuatan keur nggempur gorombolan laskar rahayat, sabab teges-teges hianat kana Proklamasi Kamerdekaan 17 Agustus 1945.

Perang campuh kajajadian salila 2 poe. Ampir kabeh laskar rahayat anu aya di Karawang mantuan gorombolan  keur ngalawan TRI, iwal ti Detasemen Gerak Cepat anu teu biluk ngamusuhan TRI. Dina eta karusuhan teu saeutik anu jadi korban, eta akibat tina kasalahpahaman anu teu kudu kajadian dina mangsa bangsa keur diuji supaya nigkatkeun perjuangan dina magsa nyanghareupan Imperialise Walanda.***