Sabtu, 23 Mei 2009

Carpon Sajak Pamayang

Carpon : Sambas Bara

SAJAK PAMAYANG


Layar jeung parahuna,

Parahu jeung muarana,

Muara jeung pamayangna,

Pamayang jeung jaringna.

Jaring jeung laukna.

Sarja hanjat tina parahu bari ngajingjing lauk pisang-pisang meunang misahkeun keur bawaeun balik ka imah. Rada rumahuh nempo hasil ngajaring anu teu muncekil. Rupa-rupa lauk anu tilu loa geus digotong ku baturna tiheula dibawa ka palelangan. Anu terus digunduk-gunduk dina rohangan lelang bari dipilihan sarupa-sarupana sangkan katempo pantes jeung pikaresepeun anu naksir lelang.

Sarja teu nungkulan dilelangna lauk meunang mayang, terus wae nongtoyod ka imah bangun anu lungse. Saenggeus nepi ka imah guprak lauk gejretkeun ka sisi bilik deukeut lawang panto. Goledag ngedeng bari nangkarak bengkang kana bale awi anu watonna semu herang balas kadiukan. Teu lila hudang deui bari nguliatkeun awakna.

“Nyi, pang mawakeun cai herang kadieu, !” sora Sarja rada bedas sangkan kadenge katukangeun imahna, da apal mun wayah kitu pamajikanna biasana aya di tukang keur moekeun lauk asin.

“Eh akang, geus balik geuning. Ke atuh nya kang,“ Pamajikanna ngajawab bari tuturubun ka hareup mawa teko palastik jeung gelasna.

“Kumaha kang, ayaan laukna ?,“ Pamajikanna nanya. Sarja teu gancang ngajawab angur nyicikeun cai tina teko, teus diinum regot-regot we aya kan dua gelasna. Geus aya kana tilu kalina narik napas kakara nyarita, kitu oge bangun anu seunggah.

“Ah, angger we jiga kamari, ngan ukur meunang tilu loa kitu oge laukna campur aduk. Cukup keur naon boro-boro kabagian paparoanna keur meuli solar oge can tangtu mahi.”

“Enya nya, kumaha atuh da urang mah henteu melak lauk kang, Alloh ngersakeun nana sa kitu meureun tarima we, sugan isuk pagetomah bulan keur alus muncekil hasilna.“

“Enya Sugan,“ Sarja ngajawabna pondok. Bari reup meureumken panon ngagoler deui dina bale, siga anu embung kapapanjangan ngobrol jeng pamajikanna anu kacida sabarna. Najan usaha henteu beubeunangan anger pamajikan na nyambut salaki kalayan someah, pantes kitu tea na mah da pamajikan Sarja teh anak pa lebe. Anu alus didikan saeutik lobana ngarti kana dadasar agama, ngan nasib anu can marengkeun kana kasenangan dunya.

Pamajikan Sarja anu katelah Nyi Umi, da Umar anakna sok nyebut teh umi wae. Hirup rumah tangga geus aya kana sawelas taunna. Can katempo aya hasilna mun ngitung untung rugi mah, imah oge ukur ku bilik. Boro-boro boga parabot eusi imah kayaning meja korsi atawa lomari pajangan, tempat sare oge ukur tina dipan. Sakalieun mun hayang lalajo tivi oge sok ngadon ka Haji Suif, ari radio mah butut-butut ge boga tamba sare sore-sore keur ngadengekeun lagu atawa dongeng. Lain teu hayanga jiga batur sagala aya, imah alus eusina lengkep pretek ku parabot jiga Ceu Ucu tatanggana anu keur meujeuhna maju usahana. Anu ayeuna aya di sisi jalan tanggul anu rame muka usaha dagang inum-inuman anu dipikaresep kubudak ngora pikeun marabok. Malah cenah nyadiakeun sagala awewe balangor anu sok daek ngajual diri sarua jeung harga bebek. Da teu kungsi dua taun Ceu Ucu usahana kacida ngaronjatna malah anu geus jadi langganan tinu jarauh anu sok sering datang ka dinya sok nyebut teh mamih wae ka Ceu Ucu teh. Ari salakina anu tadina sarua pamayang jiga Sarja kiwari gawena ngan ukur sila bari nyekel kartu remi atawa gapleh.

Tapi geuning eta kahirupan Ceu Ucu teh keur Nyi Umi mah teu jadi pangharepan najan katempo nyenangkeun oge. Pamikirna eta jalan anu di sorang Ceu Ucu teh jalan salah. Ngan hiji anu dipikareueus jeung jadi harepan Nyi Umi iwal ti Umar, anak anu samata wayang anu boga cita-cita hayang jadi Guru. Umar getol pisan sakolana, malah ngaji unggal sore bada magrib tara kaliwat lian ti waktuna poe pere. Balik ngaji terus ngapalkeun pelajaran sakola, pantes pisan mun Umar unggal taun meunang rengking anu pang alusna. Ayeuna Umar geus kelas opat unggal naek kelas rengking hiji wae.

Panon poe geus codong ngulon, Sarja can hudang wae sarena. Nyi Umi can wani ngahudangkeun bisa salakina tunduheun keneh da sakeudeung deui bada asar kudu geus nyiapkeun sagalana pikeun bekel indit deui ka laut.

“Assalamu alaikum,” Umar uluksalam kakara jol ti sakola.

“Alaikum salam,“ Nyi Umi ngajawab kalayan daria, ngabageakeun anakna anu balik ti sakola madrosah.

“Umi, kumaha geus dibejakeun ka Abah ?.“

“Acan, da Abahna oge sare keneh !.”

“Kumaha atuh mi, apan isukan teh kudu geus lunas mayar tehabe teh, batur mah tadi oge geus dibagikeun kartuna da geus malayar.“

“Enya, enya engke dibejakeun.“

“Ceuk pa guru oge lamun can mayar mah moal di bere ngilu ulangan,“ Umar nyambungan deui omongan nana, jiga asa hayang ngajentrekeun ka indungna sangkan bayaran sakolana gancang dilunasan.

Ngadenge anu guntreng gigireun nana Sarja ngulisik beunta, gancang hudang bari nguliatkeun awakna. Beretek-beretek babatek bangun anu pararegel.

“Nyi asar encan ieu teh ? “ Sarja nanya

“Engeus kang, da si ujang ge geus balik sakola.“

“Tadi teh dedengean akang, si ujang nanyakeun bayaran-bayaran kitu, loba keneh kitu bayareunna sakola teh.”

“Puguh ge kang, bulanan nana tilu bulan deui ditambah mayar tehabe tujuh rebu jadi kabeh teh dua puluh dua rebueun. Engke isuk kudu geus dibayar cenah.“

“Lain ngomong tikamari atuh, meureun akang bisa nginjeum heula ka dunungan,“ ceuk Sarja.

“Satadina mah sugan teh akang rek beubeunangan lauk loba, can wani bebeja teh. Tapi geus aya kana samingguna sarua wae. Nginjeuman wae duit kadunungan geus era kang, anu bulan itu oge urut meuli kaos saragam sakola can lunas.“

“Nya kumaha deui atuh Nyi, mun urang teu unjam-injeum heula boga duit timana, da usaha akang ngan ukur jadi pamayang. Digawe di pabrik teu boga ijasah sakola luhur, najan tanaga gede oge. Ari arek ganti pacabakan jiga salakina Ceu Ucu ulah, da cenah haram.” Sarja bangun seunggah. Umar ukur bisa merhatikeun caritaan indung bapana anu pada-pada bingung.

“Ayeuna engke sore atuh memeh mayang ka dunungan heula nginjeum deui duit, karunya ka si ujang bisi eraeun ditagih wae ku guruna.“

“Enya lah, sugan we aya,” ceuk Sarja bari ngaleos ka sumur gigireun imah. Ari Umar angger diuk gigireun indungna.

“Tah geuning mudah-mudahan we aya nya,“ Nyi Umi ngabeberah hate Umar sangkan teu hariwang teuing.

“Ulah bohong Mi, era ah ku babaturan. “ Umar negeskeun

“Insa Alloh moal, ayeuna mah jig kaditu geura mandi geus sore.“ Nyi Umi ngajangjian anakna anu pinuh ku harepan. Teu leleda Umar gancang indit kajero imah nyimpen buku sakola madrosah, teu lila terus kaluar deui bari mawa anduk mandi nyampeurkeun bapana anu geus aya di sumur keur beberesih.

Panon poe surup mapag datangna peuting. Beulah kaler geus raang baranang lampu-lampu pamayang anu rek indit ka laut. Sora Adzan magrib ngabuyarkeun barudak anu keur arulin diburuan masjid. Pahibut buru-buru ngala wudu bisi katinggaleun solat magrib berjamaah.

Peuting jadi saksi. Tengah peuting dina wanci talibrana umat manusa, Nyi Umi kagareuwahkeun ku sora anu ngaromong rada tarik sisi jalan bari leumpang hareupeun imahna. Nyi Umi hudang panasaran hayang nempo naon anu kajadian saenyana, saenggeus ngintip tina sela-sela bilik yen anu aya diluar teh geuning tatanggana terus we muka panto.

“Mang Eno aya naon ieu teh meuni raribut teuing ?” Nyi Umi nanya Mang Eno, tatanggana anu keur ngobrol jeung baturna anu kabagean ngaronda. Mang Eno ngarandeg lempangna ngalieuk ka Nyi Umi anu nangtung dilawang panto.

“Itu Ceu Ucu warungna di gerebeg ku Pulisi “ Ceuk mang Eno

“Digerebeg, ari Ceu Ucu na kamana Mang ? “

“Puguh oge diborgol bareng jeung salakina dibawa ka Polres,“ Mang Eno ngajentrekeun kanyahona basa nyaksian di warungna Ceu Ucu.

“Duh karunya teuing nya !“ Ceuk Nyi Umi anu di tinggalkeun ngaleos ku Mang Eno anu rek neruskeun ngaronda.

Nyi Umi diuk dina bale anu tadi beurang dipake salakinan sare. Nyi Umi neuteup ka harep nembus ngaliwat imah-imah tatanggana. Miheulaan lengkah leumpangna Mang Eno anu kakalerkeun. Ngaliwatan parahu-parahu ngajajar di muara anu teu dipake ku pamayang. Jauh tina basisir, ngabayangkeun salakina Sarja anu keur ngajaring lauk, ampul-ampulan di tengah lautan. Kahujanan kaanginan ngamudikeun parahu anu narik jaring dina poekna peuting.***

Tidak ada komentar: