Selasa, 26 Mei 2009

Carpon "HUTANG"

Carpon : Sambas Bara

HUTANG

Alloh nu maha adil, welas tur asih ka umatna.
Nya sugan satadina bisa ngarobah adat, kitu soteh mere conto, ari mapatahan mah asa heurin ku letah da ka manehna mah dulur saluhureun. Apan geus jadi babasaan jalma mah sifat robah teu ayeuna sugan isuk, teu isuk sugan pageto, ngan dititenan geus aya belas taunna geuning tetep we jiga bareto.
Belasan taun anu katukang waktu keur maranehna susah keneh, kungsi nginjeum geulang mas anu pamajikan aya kana dua puluh hiji gramna ladang ngajual sawah titinggal ninina anu dijual kumamangna. Cenah keur modal neangan gawe, da can boga pagawean anu matuh harita teh. Dina hiji waktu ditanyakeun ku pamajikan, da geus lila jeung geus kairong aya keur mayarna, bi Sumi meuni loba perhiasan nana, usahana oge katempo maju, tapi malah jadi kagorengan geuning manehna kurang narima kana panagih pamajikan. Mending mun terus mayar maneh na ngambek teh. Da ieu mah malah pikapegeleun hate, mayar na ditungtut aya kana tilu kalina anu loba na dua puluh gram. Ari anu sagramna kapopohokeun nepi ka kiwari. Geus teu di tanyakeun da bisi ngambek deui era paseana jiga jelema teu boga dadasar agama, nya pastina oge kaburu poho. Diri ukur bisa ngupahan pamajikan sing sabar da Allah mah moal pahili.
Inget keneh basa lima taun anu katukang, waktu pamajikan dititah nginjeum duit ka bi Sumi keur mayar kiriditan, da isuk-isuk pamajikan bangun ngangluh.
“Pa kumaha atuh urang, apan can boga duit, kumaha mun jelema anu boga barang ahad isukan kadieu nagih duit na ? “ pamajikan nanya.
“Ih kalem we atuh ma, pasti dina waktuna mah aya ! “
“Kalem-kalem kumaha, kumaha mun dina waktuna duitna can aya atuh era meureun, engke tivi na di bawa deui ! “ pamajikan bangun hariwang.
“Tong hariwang ma, apan pakulian anu bulan ieu teh can dibayar, tapi mun emana hariwang mah pek wae atuh ngeclok heula ka bi Sumi, mayarna mah terehna saminggu kituh lilana sabulan piraku teu mere.” Ceuk kuring negerkeun hate pamajikan.
“Enya atuh pa, mun kitu mah ema rek ka bi Sumi piraku teu mere da nginjeum ge urang mah kakara, apan bareto manehna waktu keur rek usaha kungsi nginjeum emas urang nya Pa ? “ ceuk pamajikan.
“Enya lah, eta mah tong diinget-inget deui, nu penting mah nginjeumna hasil supaya ulah wirang, ngerakeun ku tatangga nganjuk tivi nepi ka di bawa deui! “
Jrut turun kaburuan rek neang lampah, nyusul pagawean anu katunda kamari, mungpung isuk sugan weh anggeus hanca teh nepi ka sore ayeuna mah.
Bada asar kara nepi ka imah, pamajikan katempona kurang berag. Aya nu kurang cocok jeung hate meureun ceuk pikir kuring. Saenggeus rada rineh kuring nanya kapamajikan.
“Ma, kumaha liar teh jadi henteu ? “
“Nya tadi isuk keneh ge mangkat, apa ngaleos ema teus ka bi Sumi,“ ceuk pamajikan ngajawabna bangun seunggah.
“Kumaha hasil ? “
“Ih boro-boro, nu aya mah kalah ka hanjakal,” ngajawabna bangun kesel
“Na kunaon kitu ? “
“Coba we pikir, ari moal mere nginjeumah moal we atuh nya. Omongna teh ieu ge rek nambahan geulangkoroncong can aya duitna, kituna bari nembongkeun geulangna anu dipake dina leungeun. Kamari ge cenah tas meuli tivi anu dua puluh in ( inchi) da anu tiheula mah leutik jeung kurang cekas gambarna asa lalajo koran. Cenah pedah teu berwarna meureun,” ceuk pamajikan sasadu.
“Ah piraku meuni tega kitu? “ rada kesel oge ngadenge kitu mah.
“Enya ema oge heran nya ku tega, padahal mah waktu keur susah manehna ge sok nginjeum ka urang nya. Engke deui mah lamun aya perlu ulah sok di berean wae lah, geuning manehna ka urang kitu, tibang nginjeum oge teu mere komo mun menta meureun ! “ pamajikan bangun kesel pisan.
“Ah ulah kitu urang mah ma, ari aya mah rejekina teu kudu koret da Alloh nu ngatur tangtu moal pahili, urang mah ngan sa ukur cukang lantaran,“ ngupahan pamajikan ulah ambekna nepi kateterusan.
“Keuheul atuh da !“ manehna ngajawab singkat bari ngorejat ka hareup, aya sora awewe nu uluk salam.
“Alaikum sallam, mangga ka lebet ! “ pamajikan ngajawab bari mukakeun panto. Reket panto dibuka.
“Geuning ceu Nani, sareng si akangna henteu ? “ ceuk kuring bari ngasong keun leungeun nampa sasalaman ceu Nani, pamajikan babaturan sapagawean anu ngaran kang Aput.
“Puguh ge henteu, ieu ge rurusuhan rek meuli jajamu keur nyeri awak, akangna bisi ka tutuluyan gering, “ ceu Nani terus diuk gigireun, da geus wanoh asa jeung dulur.
“Lain aya naon nya, meuni rurusan kitu ?,“ ceuk pamajikan rada heran.
“Ih tadi, akangna balik digawe nyaritakeun bapana si Nur butuh duit pisan cenah rek di pake minggu isukan. Kabeneran di euceu aya, tah ieu pake we heula da kituna oge di pakena lila keneh. Keur meuli domba engke bulan haji,“ ceuk ceu Nani bari ngasongkeun duit dua ratus rebu.
“Nuhun atuh ceu ari aya mah. Tuh ma geuning rejeki mah timana we, geuning aya keneh nu percaya ka urang nya ! “ ceuk kuring bari ngareret ka pamajikan.
“Nya, nuhun ceu Nani tadina mah meuni hariwang pisan bisi kaburu aya anu nagih “ ceuk pamajikan bangun atoh pisan.
“Nya sawangsulna, da euceu oge sok barang injeum. Hayu atuh ah moal lila bisi toko jajamu kaburu tutup,“ ceu Nani cengkat hudang bari ngajak sasalaman.
Enya geuning Alloh mah kacida adilna welas tur asih ka umatna.
Allah nu maha adil, welas tur asih ka umatna.
“Pa urang ulin ah ka bi Sumi, sugan we mayar hutang anu saratus rebu tea lumayan keur bayaran budak sakola. Piraku pohoeun, najan geus sataun da barang na aya keneh bari jeung ruksak oge da barang dipake ! “ pamajikan ngajak ulin bari nyinggung bi Sumi anu boga hutang parabot sesa saratus rebu geus aya kana satauna.
“Nya hayu atuh, tapi sok asa era ari ulin ka manehna teh !”
“Era kunaon kitu pa ?“
“Eta bisi pajarkeun nagih, padahal mah enya, ngan maneh na teu ngarti “ ceuk kuring bari seuri, pamajikan ngan ukur mesem. Da geus ngarti meureun kana sifat bibina anu sok joledar kana hutang. Geus aya sababaraha kali nginjeum da can pernah eucreug mayarna, saklieun lunas ge meuni lila pisan. Tapi asa teu tega ari aya anu rek barang injeum di urangna aya mah sok hayang mere wae bari jeung diri sorangan oge tulunganeun batur. Komo ieu sasat ka dulur.
Sakabeh puji kagungan Allah, bareto mun ulin kudu naek mobil atawa ojeg. Tapi ayeuna mah lumayan boga kandaraan motor bari jeung meunang ngiridit oge. Anu biasana mah mun ulin ka bi Sumi aya kana sajam na di perjalanan tapi ayeuna mah ukur satengah jam ge geus nepi. Nepi ka imah bi Sumi, katempo bi Sumi rada alum teu jiga biasa na. Da sabenerna manehna mah ulah-ulah ka dulur ka batur oge kasebut darehdeh, komo mun urusan piduiteun mah.
“Bi kamana mang Juma, geuning asa tariiseun nya ? “ceuk pamajikan bari ngajak sasalaman. Da katempo euweuh sasaha salian bi Sumi.
“Puguh euweuh, keur ka Jakarta. “ Bi Sumi nagjawab saperluna.
“Ari budak kamarana ? “ kuring nyambungan pananya pamajikan.
“Maen pe’es meureun, didinya tah beulah kulon ! “ bari nunjuk ka imah tatangga nu ka halangan opat imah.
“Mang Juma naek motor bi ka Jakarta na ? “ Ceuk kuring, da teu ka tempo aya motor dina garasi hareup. Manehna ge boga motor anyar anu meunang ngagade ti adina anu kakara dua bulan. Kitu ge ceuk pamajikan waktu ulin ka bi Sumi bulan kamari. Malah motorna oge sarua cenah jeung motor urang merek jeung warnana teh, ngan leuwih anyar wungkul kaluaran nana.
“Henteu. Mawa mobil anu Pa Guru, eta arek neang anu balik ti Arab. Geus nungguan di bandara mun teu salah mah. “ Ngajawabna teu pati berag, najan rada panjang oge.
“Ari motorna kamana, diojegkeun kitu ? “ pamajikan ngilu nanyakeun motor.
“Ih puguh ge, ieu teh keur kesel banget. Tah eta ka si Degul, apan motor anu digadekeun ka urang teh motor kiriditan, ku naon atuh teu di angsur unggal bulan. Ieu mah kalah ka hayu ngagugulu wae napsu, duit pake nyaweran artis di Pantura nya moal aya tungtungna. Malah pamajikan nana mah kamari ka dieu, si Degul tara balik cenah geus tilu minggu. Biasana unggal minggu ge balik. Disusulan ka tempat digawena euweuh cenah geus balik. Disusul ka dieu sugan aya meureun, puguh kadieu tah ti saprak ngagadekeun motor ge can kadie-dieu deui. Tah tadi isuk ka dieu, ari sugan tea arek nebusan motor da jeung nu boga deler motor sagala. Sihoreng teh arek nyabut motor, da geus tilu bulan can disetoran. “ Bi Sumi bangun anu kesel pisan ka adina anu ditelah si Degul.
“Dibikeun ku bi Sumi ? “
“Nya teu diberekeun kumaha da si Degulna geus nandatangan pernyataan teu sanggup keur nyetoran. Kacuali lamun cicilan anu tilu bulanna dibayar jeung dendaan nana. Lamun teu dibikeun mah urusan nana jeung nu wajib cenah. “ Bi Sumi ngadahar buah simalakama anu pait jeung peuheur rasana dihulu angen.
“Ari eta duit gadean nana anu tilu juta kumaha ? “ pamajikan ngahookeun ka bi Sumi.
“Nya si Degul mah sanggupeun ngaganti jadi hutang, ngan teuing iraha-iraha na mah da teu ka tempo keur piduiteun nana,“ jiga anu putus asa pisan.
Alloh nu maha adil, welas tur asih ka umatna.
Moal jalir kana jangji, moal subaya tina sagala dawuhna.Cag.***

Tidak ada komentar: