Jumat, 22 Mei 2009

Carpon "Dua Windu"

Carpon : Sambas Bara

DUA WINDU

Asa geus lila nempo manehna, asa deukut jeung hate padahal wawuh jeung ngaranna oge kakara tadi sore. Kitu ge teu dihaja, basa harita manehna nanyakeun jalan ka cai rek neang baturna nu didagoan can wae datang. Teu lila torojol teh baturna anu didagoan tea bari ngagorowok.

“Nining rek kamana ?”

“Puguh rek neang Titin, kamana heula sih, ka cai meuni sa taun?“ Ceuk manehna ngajawab rada baeud, tapi katempo sarina manis, jiga teu tembus ka hate anu diucapkeun nana teh. Teuing naon deui anu di omongkeun jeung baturna, da kuring anteb neuteup manehna. Ku geulis budak teh manis deuih, ceuk hate ngagerentes nu diteuteup mah angger teu malirae da hare-hare wae. Leos wae kuring ninggalkeun maranehna.

Dina hate asa aya nu diteangan, jadi pananya anu teu bisa dikedalkeun ka nu lian. Saha atuh Nining teh, jigana umurna ge kakara sabelas taun. Naha urang mana ari manehna, nah bet ngantel dina hate, lain duriat nu nyaliara tapi aya geter asih anu wening nyanding.

Bulan anu kakara medal geus teu sampurna, da tanggal geus aya likurna. Seuneu pamirunan anu ngajegur ukur tinggal ruhakna, lawang tenda geus ampir kabeh nutup, barudak tinggal hiji dua anu acan sarare. Meureun cape tadi beurang loba teuing kagiatan nu diayakeun ku panitia kemah Pramuka. Peuting nyerelek mapaykeun bulan anu tinggal sapasi, pitunduheun asa jauh, kajadian tadi beurang asa ngaganjel na kongkolak panon, saha ari Nining teh. Asa lebeng teu kapanggih, ah isuk mah rek di tanyakeun, ceuk hate ngagererentes sabab taya laratan pisan.

Peuting beuki jempling, sora suling geus teu bisa kebat da meueus baseuh ku ci ibun. Tiisna ibun janari teu mawa pikatunduheun resep nempo bulan anu tinggal sapasi kacida mencrangna, sakapeung sok nyusup kana mega teu lila kaluar deui asa leuwih ngagenclang. Hiliwir angin anu karasa beurat mawa hawa tiis nyelesep kana awak anu di simbut ku sarung.

Barudak lalaki anu satenda meuni euweuh anu lilir-lilir bangun anu cape pisan, da eta kerekna oge meuni nyalegrek. Komo si Agus mah jiga kebo meunang meuncit meuni nyegor-nyegor. Da eta keur mah awak gede si Agus mah diajak leumpang ka nu jauh katambah turun naek, meuni watir sieun katempuhan bisi kumaonam. Tapi Alhamdulillah manehna salamet bari jeung katinggaleun wae oge.

Beda deui jeung si Kardi manehna mah gesit pisan, sumangetna teu eleh ku nu lian ngan hanjakal manehna teh sakolana teuing nerus teuing moal. Lain ku belet, kacida calakan nanamah eta budak teh, tapi kaayaan kulawargana pikarunyaeun. Bayaran sakola oge loba kaliwat. Komo ari buku paket anu kudu dibeuli mah teu boga pisan, nu aya teh ukur buku tulis kitu ge teu cukup unggal mata pelajaran. Tas wadah buku luarna meuni geus rarajet, batan kulila can aya gantina. Kamari oge basa rek ngilu kemah teh teu boga kaos kaki cenah. Untung we budak kuring bogaeun dua pasang, nya dibikeun we bari jeung rada belel oge lumayan bisa keneh di pake. Bapana si Kardi ukur tukang buburuh macul sakapeung kula-kuli kanu merelukeun tanaga kasar, ari indungna cenah jadi TKW di Arab Saudi ngan nepi ka kiwari geus aya dua tauna can aya bejana. Boro-boro ngiriman duit, disuratan wae ge can pernah ngabalesan. Padahal ari nulis jeung maca mah da bisa emana si Kardi teh. Ari cicingna manehna henteu jeung bapana, kalah ka nuturkeun ninina. Eta oge basa tadi sore batur-batur mah indung bapana pada ngalongok bari marawa kadaharan anu ngareunah. Komo emana si Agus mah mawa sanggu oge meuni sarantang jeung goreng hayam dua potong, eta meureun pedah anakna lintuh pisan bisi kalaparan. Tapi ari si Kardi ukur dikiriman sangu jeung endog asin hiji kitu oge dipuhapekeun ka emana si Jae. Ngan kuring sok mere sumanget ulah reuntas harepan ku sabab kaayaan, sabab nasib jelema mah taya nu nyaho iwal ti gusti Alloh, sugan isuk pageto bisa robah nu penting urang mah ulah petot usaha jeung ngadoa.

Janari geus ngagayuh kasubuh. Hawar-hawar di sisi lembur sora anu sosolawatan tina sapeker nungguan waktu bedug subuh. Gancang lawang tenda ditutupkeun, lampu patromak anu ngagantung hareupeun tenda geus les-lesan bangun anu kurang angin, dikompa heula bisi kaburu pareum. Leos kuring ngajugjug sora anu keur sosolawatan di masjid ngarah solat subuh teu ka tinggaleun. Maksud teh mun geus solat rek sare, karasa ayeuna mah geuning tunduh panon teh. Keun wae isuk mah da tinggal upacara panutupan ieuh, sugan moal riweuh teuing ngatur budak teh. Kituna oge jadwal panutupan teh tabuh dalapan.

Diluareun tenda barudak kadenge kacida raributna, ditambah sora panitia tina sapeker geus ngawawaran ngajak kumpul, keur nyiapkeun upacara panutupan anu arek ditutup ku Kepala Dinas. Tunduh keneh geuning, ah moal ngilu upacara ceuk hate, da budakna geus harideng sorangan. Simbut sarung pindah ditalikeun kana cangkeng da geus teu karasa tiris, panaon poe geus moncorong nyorot kana tenda tina sela-sela ronggosan tangkal awi nu ngarangrangan. Sabab tenda teh ayana di tukang pisan tungtung wetan anu deukeut ka lembur. Goledag kuring ngagoler deui, sirah diganjel ku tas budak anu eusina pakean kalotor. Panon can waka dipeureumkeun, merhatikeun keneh barudak anu arek upacara panutupan bisi aya anu teu milu baris. Lawang tenda dibukakeun sangkan hawa isuk anu seger keneh asup kajero tenda, anu geus kaambeu barau hapeuk. Malum tenda teh eusina pakean anu kalotor wungkul, da kemah geus aya kana dua poena.

Bari nonggongan lawang tenda reup panon dipeureumkeun, gening asa rada peurih jiga anu seuseut. Awak karasa paregel, sakujur badan asa lungse pisan. Sababaraha kali panon di peureum-peureumkeun angger wae teu daek sare.

“Punten, punten …!“ dihareupeun tenda jiga aya sora awewe nu uluk salam.

Antepkeun wae kitu, ceuk hate. Tapi bisi perelu manehna teh, da sorana asa apal. Ngan sora saha nya da asa geus lila pisan, kakara ngadenge deui sora eta teh. Wegah pisan atuh da ieu awak meuni asa pasiksak, asup angin kitu.

“Mangga.“ Gancang we dijawab bari nguliatkeun awak, gancang ngalieuk kana lawang tenda hayang geura nyaho saha anu uluk salam teh. Teu katempo jelas saha anu datang, asa silo pisan. Kuring gigisik heula da panon teh asa peurih wae, panempo ge teu jelas kalah ka cai panonan.

“Punten Pa ieu bade tumaros. Ngaganggunya !“ nu aya diluar tenda ngomong deui, sorana asa wawuh pisan.

“Ah, henteu, ke antosan nya bu !“ bari norojol kaluar kuring ngagisik keneh, panon anu rambay caian terus disusut ku sarung anu nali keneh dina cangkeng.

Kuring kacida ngagebegna dihareupeun paadu teuteup jeung manehna, anu keur nangtung semu reuwas.

“Bono nya ieu teh ? “ manehna miheulaan nanya ku ngaran landihan nu geus lawas tara dipake. Teu gancang ngajawab, anger we neuteup manehna asa ngimpi. Panon anu karasa peurih digisik deui, hayang ngayakinkeun ieu teh lain ngimpi.

“Nina,“ Ngan kecap eta anu kaluar tina letah basa panempo kuring yakin awewe anu nangtung hareupen teh Nina.

Karasa pagaliwotana rasa dina dada, asa teu percaya manehna aya hareupeun. Dua windu geus kakubur ku waktu, laasna harepan anu karobah ku jaman. Kembang harepan dina welasan taun anu ka tukang, manehna anu kungsi ngeusian ieu hate. Ayeuna tepung deui, Nina kamana anjeun baheula bet teuaya laratan. Bono anjeun anu baheula kiwari geus batian. Meureun anjeun ge ayeuna geus aya anu boga. Urang anu geus lain-lainna deui. Najan keur kuring, sora Nina jeung keureutan beungetna asa keneh anu baheula. Imut na nu manis matak kasengsrem berang peting. Tapi kiwari anjeun ngan ukur jadi catetan nu kakotret dina hate. Teu aya deui harepan nubakal dilakonan iwal urang silih du’akeun mugi anjeun sing meunang kabagjaan jeung kasatiaan salawasna dina enggoning ngojayan sagara kahirupan.

“Ke, ke nya. Tadi teh mun teu salah Nina teh rek aya anu ditanyakeun nya?“ Kuring nanya rada gugup keneh.

“Enya, eta ari tenda putri SD Kutanagara beulah mana nya ?“

“Tuh itu, beulah kidul anu kahalangan lima tenda. Anu dihareupna make gapura tina awi koneng,“ bari nunjuk ka kidul, apal pisan da pembinana teh batur sakola keur SPG.

“Arek ka saha kitu ?“

“Eta, arek ngalongok budak. Kamari teu ka buru kalongok, da ditempat digawe meuni sibuk pisan. Malah mun teu nyempetkeun mah ayeuna oge dititah lembur.“

“Apan aya apana atuh !“

“Nya puguh oge…” Nina teu kebat nyaritana.

“Kumaha kitu ?“

“Apana teh tos teu aya, ninggalkeun ti umur dua taun.“ Nina jiga anu neger-neger maneh. Padahal nu kabaca ku kuring mah semu anu sedih pisan.

“Teu aya. Maot kitu ?“

“Enya“ Ngajawabna pondok, jiga nu kaselek ku piceurikeun.

“Karunya atuh nya budak teh, geus teu aya bapana. Nya sing sabar we Nin, da anu kawasa mah moal nguji ka umatna anu sakira teu ka badanan.“ Kuring ngupahan sugan Nina teu ka teterusan sedih.

“Mudah-mudahan.“ Nina bangun ngembeng cipanon.

“Ke, ari budak Nina teh awewe lalaki?“ kuring nyalenggorkeun tina pisediheun nana.

“Awewe“ Angger ngajawabna singket.

“Baruk awewe, saha ngaranna?“

“Yuningsih. Ari di telahna mah sok Nining wae ku baturna teh.“

“Nining!”

Ngingetkeun deui kana kajadian kamri sore balik ti cai. Paingan atuh eta budak teh asa nyangreud dina hate. Najan teu sarua percis, keureutan beungeut jeung imutna asa deukeut jeung jeung kareueut. Kapanasaran anu arek ditanyakeun geuning geus aya jawabna. Teu kudu di saha-saha Nining teh.***

Tidak ada komentar: