Senin, 12 Oktober 2009

ARIA WIRASABA


ARIA WIRASABA

             Dina taun 1630-an Sultan Agung nu jadi Raja Mataram ngangkat 2 wadana, Aria Wirasaba atawa Aria Surengrana jeung Adipati Kertabumi III anu katelah Singaperbangsa, Kangjeng Sultan mere pancen keur ngusir Karaman Banten anu aya diwewengkon Karawang sisi Citarum.

            Ti Mataram Sultan Agung  mimiti ngutus Aria Wirasaba, dibarengan ku prajurit anu lobana 1000 urang. Ku jauhna lalampahan ti Mataram ka Karawang, Aria Wirasaba jeung prajuritna sababaraha kali eureun. Prajurit anu lobana sarebu, 300 urang ditempatkeun di Banyumas anu boga pancen keur nepungkeun beja ka Mataram, 400 urang ditempatkeun di Ciasem anu pancenna teu beda jeung pasukan anu aya di Banyumas sakalian keur ngajaga wewengkon Ciasem, ditambah ku bebedah lahan pasawahan keur nyukupan dahareun bekel perang nyanghareupan musuh.

Sesana, prajurit anu nepi ka Karawang dibere pancen ku Aria Wirasaba keur muka lahan jeung ngawangun desa, maksudna keur tempat nganjrek jeung  keur tangsi.

            Aria Wirasaba jeung prajuritna bisa ngawangun  tilu desa anu aya di wewengkon Karawang, nyaeta desa Waringinpitu (wewngkon Ciampel), desa Parakansapi (ayeuna geus kakeueum ku cai waduk Jatiluhur), jeung desa Adiarsa. desa Waringinpitu dijadikeun tangsi, oge keur rempugan sagala rupa kaperluan perang keur ngusir musuh.

            Ku saeutikna parajurit anu nepi ka Karawang ngajadikeun kagagalan keur nyanghareupan musuh sabab teu saimbang jeung lobana prajurit musuh anu kudu disanghareupan.

Teu ayana beja ka Mataram anu sakitu lilana,  ngabalukarkeun Sultan Agung nganggap pancen anu diemban ku Aria Wirasaba keur ngusir musuh gagal. Saterusna Kangjeng Sultan ngutus Adipati Kertabumi III dibarengan ku 1100 prajajurit anu tugasna sarua keur nyanghareupan musuh, ngusir pasukan Banten anu nganjrek di Citarum wewengkon Karawang.

            Nepi ka Tilar dunya Aria Wirasaba nganjrek di Karawang. Makam Aria Wirasaba aya dipemakaman umum anu disebut Panembahan Dalem Wirasaba di Kampung Pakuncen Desa Sukaharja Kecamatan Telukjambe Timur Kabupaten Karawang.

            Saliwat mah moal bisa ngabedakeun makam Aria Wirasaba jeung makam anu sejenna, makamna biasa wae teu jiga makam gegeden atawa bupati. Anu jadi ciri  iwal ti resikna eta makam, anu unggal poe di bersihan ku Abah Endang salaku juru kunci makam. ***

Minggu, 20 September 2009

1 Syawal 1430 H

Lumaku asa beuki jauh
Mapay kahirupan anu pinuh ku cucuk
Lampah asa can aya tapak anu merenah
Tunggul dilarung catang direumpak
Teu tolih saha jeung naon anu katincak
Enya
Naha ieu diri anu laip
Naha ieu lalakon anu kudu dilakonan
Naha ieu bener lampah anu teu puguh jeung pituduh
Lampah anu ukur ngagugu nafsu
Pituduh agama anu ukur dianggap mapaler jalma sangsara
Rek ka mana ieu lumampah?
Di mana tujuan anu baris dijugjug
Aya naon di temapat anu anyar bakal ka saba
Naha enya alam kalanggengan anu salawasna taya tungtungna.
Saha anu bakal marengan?
Naha poekna peuing anu jempling
Naha caangna beurang anu reang ku sora
Naha bener amal anu bakal nyaangan
Naha bener laku anu katalangsu baris ngajumlengkeun panto alam kalanggengan
Enya
Geuning teu mampuh ngungkulan ieu amanah
Iman ukur ngagerentes dina hate
Boro raah nyegah kamunkaran ku tarekah jeung polah
Iman ngelip jiga ceplik katiup angin

1 Syawal 1430 H
Demi Wanci, saenyana jalma aya dina karugian
Mangsa anu janten totonden, ayana robah tingkah sareng paripolah. Lian ti amal anu sae oge ngabalukarkeun salah, dosa, katugenah sareng raheut manah.
Abdi sareng kulawaraga dina ieu wanci kacida rugina pami teu tiasa nampi panghampura ti sadaya tina sagala kalelepatan, mungguh diri seueur lepat sareng dosa. Mugia dina ieu wanci ngajaten saksi kanggo di Yaumil akhir. "Minal Aidin Walfaizin" Nyuhunkeun dihapunten lahir tumaning batin. (Sambas sakulawarga)