Minggu, 20 September 2009

1 Syawal 1430 H

Lumaku asa beuki jauh
Mapay kahirupan anu pinuh ku cucuk
Lampah asa can aya tapak anu merenah
Tunggul dilarung catang direumpak
Teu tolih saha jeung naon anu katincak
Enya
Naha ieu diri anu laip
Naha ieu lalakon anu kudu dilakonan
Naha ieu bener lampah anu teu puguh jeung pituduh
Lampah anu ukur ngagugu nafsu
Pituduh agama anu ukur dianggap mapaler jalma sangsara
Rek ka mana ieu lumampah?
Di mana tujuan anu baris dijugjug
Aya naon di temapat anu anyar bakal ka saba
Naha enya alam kalanggengan anu salawasna taya tungtungna.
Saha anu bakal marengan?
Naha poekna peuing anu jempling
Naha caangna beurang anu reang ku sora
Naha bener amal anu bakal nyaangan
Naha bener laku anu katalangsu baris ngajumlengkeun panto alam kalanggengan
Enya
Geuning teu mampuh ngungkulan ieu amanah
Iman ukur ngagerentes dina hate
Boro raah nyegah kamunkaran ku tarekah jeung polah
Iman ngelip jiga ceplik katiup angin

1 Syawal 1430 H
Demi Wanci, saenyana jalma aya dina karugian
Mangsa anu janten totonden, ayana robah tingkah sareng paripolah. Lian ti amal anu sae oge ngabalukarkeun salah, dosa, katugenah sareng raheut manah.
Abdi sareng kulawaraga dina ieu wanci kacida rugina pami teu tiasa nampi panghampura ti sadaya tina sagala kalelepatan, mungguh diri seueur lepat sareng dosa. Mugia dina ieu wanci ngajaten saksi kanggo di Yaumil akhir. "Minal Aidin Walfaizin" Nyuhunkeun dihapunten lahir tumaning batin. (Sambas sakulawarga)

Tidak ada komentar: